Rampes!
Mugi Gusti maparin kasalametan ka urang sadaya...

Sakaterang mah, dina Islam, maehan batur kaasup dosa gede mun teu
puguh alesanana. Diwenangkeun maehan jelema anu ngamusuhan urang (dina
pangperangan). Oge diwenangkeun maehan salaku hukum kisos nu disahkeun
ku nu ngawasa: nu maehan bisa keuna ku hukum pati (mun di urang
ayeuna, aya hukum pati pikeun nu dagang narkoba, korupsi?). Nya kitu
oge dina hukum2 sejenna, maehan diwenangkeun saluyu jeung aturanana.
Jadi, maehan teu kaasup dosa mun luyu jeung aturanana.

Maehan ingon-ingon, beda deui urusanana. Gusti mah Mahawelas Mahaasih,
mikeun sagala rupa nu aya di alam dunya ieu keur manusa. Tutuwuhan,
pek dahar, asal ulah nu peurahan bae. Sasatoan nu halal didahar, pek
peuncit. Meuncitna make aturan:
- kudu disenangkeun memeh dipeuncit
- make peso/bedog nu seukeut ambeh sageresel paeh
- meuncitna kalawan nyebut asma Gusti.

Sipat Mahawelas Mahaasih Gusti henteu luntur ku parentah meuncit
korban, da sadaya ciciptan Gusti mah keuna ku aturan/papasten Alloh.
Sato peunciteun, nya dipiara pikeun jadi dahareun manusa. Malah di
alamna ge geus kitu kuduna, aya rantay dahareun tea: jukut "ngahakan
taneuh", jukut dihakan ku peucang, peucang didahar ku maung. Maung
ngolotan nepi ka paeh, dihakan ku bilatung, bilatung jadi laleur,
laleur disantok haphap, haphap dipacok manuk, jst. Pangeusi alam teh
jadi muter, saimbang.

Unggal mahluk geus boga peran sewang-sewangan, kitu katangtuan Gusti
mah. Teu kacipta ku kuring mah, mun Gusti, kusabab "Mahawelas
Mahaasih", nyiptakeun mahlukna teu silih hakan, kudu dahar naon atuh
nya? Atawa Gusti nyiptakeun sadaya mahlukna teu butuh dahar, lain
bagian kuring eta mah...

jk


On Thu, 17 Mar 2005 08:25:52 -0800 (PST), engkus ruswana
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasun!
> Kahatur para dulur Kisunda, hususon ka baraya Kusnet
> nu paham bagbagan kaIslaman.
> Tos lami sim kuring teh aya kapanasaran nu dugi ka
> ayeuna teu acan aya boh dulur boh baraya, oge
> kawawuhan sim kuring nu bisa nerangkeun kalayan
> nyugemakeun sual nu aya kaitan jeung halal-haramna
> soal peupeuncitan, boh meuncit hayam/meri, embe/
> domba, munding, sapi jeung sajabana, nu majar teu
> halal mun urang ngadahar daging nu dina meuncitna teu
> make ngucapkeun "Bismillahhirokhmanirokhim" jeung
> "Allahu Akbar". Hal ieu nu jadi baluweng keur sim
> kuring, mun teu salah harti tina ucapan tadi nyaeta
> "Kalayan nyebat asmana Allah nu ngagaduhan sifat Maha
> Welas tur Maha Asih"  jeung "Allah Maha Agung". Tah
> didieu pangarti kuring can tepi kunaon ongkoh maha
> welas tur maha asih jeung maha agung, tapi bet dipake
> keur meuncit nu sareatna mah megatkeun tatali hirup
> (maehan) sasama mahluk Gusti keneh, sedengkeun ari
> maehan ceuk ajaran agama mana bae eta teh dosa
> hukumna. Kitu oge sering urang nyaksi dina TV sok aya
> sabagian dulur-dulur urang keneh nu bari jeung
> nembongkeun laku pahlawan nyebut asma Allah bari
> ngarusak (contona nyerang Rumah Makan nu buka ti
> beurang jeung tempat hiburan nu buka dina bulan
> puasa). Sakapeung kuring sok ngabirigidig, naha eta
> henteu lalawora umaku atas nama Allah ??. Tah eta ki
> dulur cing tulungan manawi aya nu tiasa ngajelaskeun
> kalayan kaharti ku pikir, kahontal ku akal jeung
> katampa ku rasan, kumaha eta katerangana ??, supaya
> kuring teu salah harti jeung nambahan wawasan.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke