Di kantor kuring aya pustakawan (lain punakawan) urang batak, nya
sakapeung mah sok ngobrol sabulang bentor. Hiji hal ti manehna nu ku
kuring "dicatet", yen cenah urang batak mah mun dina pangumbaraan geus
bisa matuh, kudu nyadiakeun tempat pikeun dulur2na nu kudu dibawa ka
pangumbaraan. Teuing nu kieu hade atawa goreng? Na jero hate
ngagerentes bari mesem, kumaha mun di lemburna beakeun stok nya? Watek
ieu sigana rada sarua jeung urang sumatra sejenna, ti kulon nepi ka
kidul...

tapi, lamun dibanding2 jeung kaayaan urang asa kurang payus. Nu utama
sabab pabalik (mun dina cakupan Indonesia): itu mah ngumbara ka pulo
jawa teh ka dayeuh, pantes; sedengkeun urang ngumbara ka ditu
kasebutna kumaha atuh?

terus deuih patali jeung adat di lemburna, rada "curiga" yen ngumbara
ieu teh dina raraga kabur oge, embung kabeungkeut ku adat nu kuat nu
nyusahkeun. teuing ketang ah...


On Fri, 18 Mar 2005 06:50:54 -0000, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kuring mimiti terang ka urang Batak teh, basa keur budak di lembur di
> hiji desa di Cimalaka Sumedang. Di lembur teh aya urang batak
> salakina batur salembur, teu terang lalakonna mah dugi ka nganjrek di
> lembur kuring. Ceuk dongeng para sepuh, baheula waktos jaman revolusi
> fisik, kulantaran pun Aki nu harita keur janten lurah pro republik,
> kapaksa ngungsi dan sieun ku walanda, nu ngagentosna teh urang Batak
> ieu, ditunjuk ku walanda jeung ku pamarentahan federal. Ngan waktu di
> taun 1950'an manehna diareureunkeun digentos deui ku urang asli.
> Waktu kuring keur budak (1960'an) sok sieun ari papangih jeung Pa S
> teh da jangkung gede jeung kamana-mana sok nyanyandak kamera (tustel)
> dikongkorongkeun duka kanggo naon tah kamera teh jeung tara seuri-
> seuri acan, beungeutna teh jiga serius wae. Jadi ingetan kuring keur
> budak mah urang Batak teh pikasieuneun ....hehehehe.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to