Kang,
 
Kahaturkeun salah sawios situs anu ngamuat carita sufi "tukang sapatu anu haji mabrur, sanajan teu naek haji: ": http://www.ismusurizan.com/default.aspx?show=article&id=216 . Salajengna, sababaraha hadist ngeunaan luhurna ajen sikep berehan (dermawan) tiasa diilo di alamt situs ieu: http://www.muthahhari.or.id/community/articles.asp?id=10 (catetan: dina eta situs aya sababarah salah ketik: seratan "kafir" sakuduna "fakir").
 
Pamugi aya manfaatna.
Baktos,
manAR

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kuring kungsi maca, duka tina buku/majalah naon, hilap deui,
perkawis dongeng tukang sapatu urang Baghdad. Di kota Bagdhad jaman
beheula hirup tukang sapatu anu rajin jeung sholeh pisan. Manehna
boga cita-cita yen dina hiji waktu hayang ngalaksanakeun rukun Islam
nu ka lima nyaeta naek haji. Keur ngalaksanakeun cita-citana manehna
nabungkeun sabagean panghasilanana tina tukang sapatu. Mangatun-taun
manehna ngumpulkeun duit, tepi ka kumpulna waragad keur naek haji.
Atuh manehna teh geus siap-siap rek indit ka Mekkah jeung batur-
baturna.

Tapi teu ku hanteu, basa manehna rek pamit ka tatanggana, manehna
kaget, geuningan tatanggana teh keur katalangsara, tunggara pisan,
tulunganeun. Si tukang sapatu kacida ngenesna ningali kaayaan
tatangga batan sakitu, gebro waeh duit nu keur naek haji teh, nu
meunang kukumpul mangtaun-taun, dibikeun ka tatanggana. Atuh manehna
teh henteu jadi naek hajina teh. Manehna sasadu ka batur-baturna yen
manehna teu jadi bareng naek haji taun ieu.

Waktu munggah haji geus lekasan, nu naraek haji geus baralik deui ka
Baghdad. Batur-batur tukang sapatu nu naraek haji parada datang ka
imah tukang sapatu. Batur-baturna teh nganaha-naha ka tukang sapatu,
naha naek haji embung bareng jeung maranehna. Ceuk tukang sapatu
teh : "kuring mah henteu jadi munggah hajina ge, aya we didieu, apan
duitna oge dibikeun kanu katalangsara tea!"

"Ah ....tong kitu", ceuk batur-baturna teh, " Kuring saparakanca
sababaraha kali ningali anjeun keur di Mekkah, ngan ari
disampeurkeun, anjeun ngereles wae teu kapanggih. Tapi sidik pisan
anjeun teh aya di Mekkah, ngalaksanakeun ibadah haji"

Tukang Sapatu keukeuh manehna henteu ka Mekkah, atuh batur-baturna
nu naraek haji oge keukeuh yen tukang sapatu teh geus naek haji,
kulantaran kaciri pisan kapanggih di Mekkah. Ti Saprak harita, sakur
nu wawuh jeung tukang sapatu, ngaranggap tukang sapatu teh geus jadi
Haji.

Baktos,
WALUYA

--- In kisunda@yahoogroups.com, Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Janten emut kana salah sawios buku anu kantos diaos, kieu dongeng
singketna
> teh:
>
> Dina hiji usum ibadah haji aya kajadian banjir anu tohaga tur
ngorbankeun
> rebuan jiwa, tapi aya saurang (sebut wae si Ba'du) anu
ngabatalkeun ibadah
> hajina sarta ongkos anu dikumpulkeun ladang ngaput keur ka haji
tea, ku
> manehna dipake nyumbang ka para korban banjir. Orokaya manehna
jadi batal
> nunaikeun 'Panggilan Allah' na, tapi gawena kalah leuwih haget
keur
> ngumpulkeun sumbangan ka korban banjir.
>
> Di lain tempat aya saurang ahli tafakur teras 'naroskeun' ka Allah
saha anu
> ibadah hajina pangsampurnana mungguh Anjeuna, nya saur ilham teh
ngan si
> Ba'du anu sampurna ibadah hajina, tur bisa disebut haji Makbul.
>
> pun,
>






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke