--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tina anu sakitu panjangna (hapunten), aya kasempetan, > keur urang sarerea, jadi "anu mimiti", ku ayana > kamajuan teknologi dina widang tulis tinulis. > Sumangga, sakitu ngaleuyahna karya kasusasteraan > sareng seni budaya urang anu teu acan > dialih-tuliskeun kana media elektronik. Mere > lolongkrang pikeun saha bae jadi "anu pangheulana" > mindah-tuliskeun ka media elewktronik. Upama urang > mendakan "lembaga"-na anu merenah tur merhatikeun > "identitas", Insya Alloh, naon rupa karya anu ku > urang dilakonan teh baris "kaabadikeun". Kahade bae, > masing tarapti, utamana dina lebah hak cipta jeung > hak copy right-na. Kumaha tah Kang Hasan, soal hak > cipta sareng copy right? Naha tiasa kitu bae urang > mindahkeun tulisan manual kana file elektronik tina > buku-buku anu aya? Atawa katangtuan dina satiap buku > ngeunaan hal eta heunteu ngawengku pasoalan > "ngagandakeun" ku cara nuliskeun kana file > elektronik? anu paling aman rupina kedah kieu kang. aya pamundut di kusnet salaku lembaga ka penerbit eta naskah kanggo didamel versi elektronikna. teknisna tiasa digaleuh atanapi disuhunkeun dibebaskeun kanggo kegunaan publik. janten kusnet kagungan hak kanggo publikasi. ari pangemut kuring, bahan terbitan sapertos naskah heubeul, alit kemungkinan upama dicitak ulang. sapertos buku "rusdi & mesnem", misalna. tah kumargi kitu nya dicobian didigitalkeun, mudah-mudahan aya mangpaatna. pangemut teh da maksadna sanes kanggo dikomersialkeun ieuh. tapi kanggo kamaslahatan umum, sareng dokumentasi naskah heubeul. malah mandar janten amal jariyah kanggo anu nyeratna. upama ninggal di dunya beulahan kulon, kagiatan sarupi tos katinggal, diantawisna "project guetenberg" anu tos ngamuat ampir ratusan judul naskah heubeul. utamana carita-carita fabel barudak sareng naskah kuno. tah paniatan teh, koropak sejak ngumpulkeun naskah-naskah kasundaan secara elektronik. sok sering mendak wartos, cenah panalungtikan kasundaan teh di urang sesah referensina. upama hoyong lengkap kedah angkat ka nagri walanda. duka leres heunteuna mah. tah pangemut kuring, pedah sering pagiling gisik sareng dunya IT, eta kendala teh kanggo jaman kiwari mah sakedahna tos teu janten ganjelan deui. asana teu kedah sesah waragad ageung kanggo nyadiakeun bahan pikeun ulikan kasundaan. misalna, aya inisiatip ti pemda jabar nyuhunkeun widi ka pamarentah walanda kanggo ngadamel versi elektronik naskah-naskah kasundaan anu aya di nagri walanda. pikeun ieu maksud jigana teu kedah waragad ageung. cukup ngintunkeun saurang ahli budaya, saurang tukang IT, hiji notebook, hiji scanner, hiji, cd writer pikeun ngadokumentasikeun naskah tea. upama eta cara disorang, jigana anu sok disarebut gerakan kabudayaan sunda teh baris tereh wujud. wallahua'lam. salam, mh __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $4.98 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/