Hapunten Kang, tos lami si kuring heunteu niturkeun kagaitan Kang 
Acil saparakanca. Mung anu emut keneh, anjeunna teh gaduh wadah anu 
dinamian "Bandung Spirit" (BS) tea, upamana teu lepat alamat 
sekertariatna di Jl. Kayu Agung No. 42 (?, ke urang parios deui 
catetan). 

Bandung Spirit leres  kalintang nyimpen perhatosan anu ageung kana 
masalah "pendatang", jembarna pasoalaan-pasoalan anu medal tina 
alatan pagilinggisikna sababarah kabudayaan. "Semboyan" anu 
digunakeun ku BS nyaeta: "Ngajaga Lembur, Akur jeung Dulur, Panceg 
dinda Galur". Sababaraha kali Kang Acil sareng BS-na 
ngayakeun "reaksi" anu kawilang bentes kana kajadian-kajadian anu 
pakait sareng masalah pendatang atawa pendatang anu jadi biangna. 
Upamana bae, masalah kaki lima, oge anu pangkhirna kasus dua wanoja 
US anu dipateni ku sababaraha urang pendatang.

Di sagigireun ngawatesan pendatang ka kota Bandung, atawa kota-kota 
gede sejena di Tatar Sunda, si kuring kungsi usul: sakalian bae 
ngayakeun sarupi "kontrak sosial" jeung maranehanana teh. Kontrak 
sosial yen upama aya kaributan atawa masalah anu diakibatkeun ku 
tekah paripolah para pendatang, maranehanana kudu tanggungjawab 
sakebekna. Teknisna ieu kontrak sosial teh nyaeta ngalangkungan 
pakumpulan-pakumpulan ti masing-masing pendatang (di TS mah biasa 
disebut "kawargian"). Apan tos jadi rahasiah umum, satiap pendatang 
ti hiji seler luar TS, di tempat tujuanana teh sok nyieun pakumpulan 
atawa iketan kakulawargaan anu tantuna oge eta pakumpula-pakumpulan 
teh aya pamimpinna sewang-sewangan. 

Pangagung atawa inohong masyarakat di tiap kota di sakuliah TS anu 
mindeng jadi tujuan para pendatang tos waktuna nyaketan tur 
koordinasi sareng satiap pupuhu pakumpulan-pakumpulan pendatang 
pikeun nyieun eta kontrak sosial. Keur saheulanaan mah, dipilih baeu 
heula seler anu kawentar sok nimbulkeun masalah di TS. Wayahna, keur 
ngobatan panyakit karakter "elehan" tea.

Baktos,
manAR
NB: kanggo kencleng ka "gerakan" Kang Acil, diantawisna tiasa 
langsung bae ka sekertariat BS. 
 











--- In [EMAIL PROTECTED], "Agus Mth" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sim kuring ngadangu hawar-hawar, cenah ayeuna teh nuju aya gerakan
> menata kembali Bandung anu dibidanan ku Kang Acil Bimbo. Naha 
leres eta
> teh ?
> Upami leres kacida pisan kuring bingahna sarta lamun bisa mah 
hayang
> milu ngarojong. Di antawisna programna teh ngabatasan ka jalma 
pendatang
> ambeh henteu sakadaek-daek asup jadi warga Bandung. Aya anu gaduh 
wartos
> lengkepna ?
> Upami leres, simkuring gaduh usul, kumaha upami didamelken
> cengcelenganana kanggo nyokong waragadna. Saena mah upami kahontal,
> ngadamel sumbangan tina SMS supados hararampang kanggo anu bade
> nyarumbang. 
> Cag heula.
>  
> AgusMth





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to