Enya kitu pisan, kuduna mah boga cita-cita teh ngagajih batur, karasa ku kuring jadi pagawe salila 30 taun, ti ngungkueuk nepi ka ngungkuik, angger we, ceuk lagu ge
sekali staf, tetap staf
selama hayat masih dikandung badan
itulah hari staf kita
Ayeuna geus pangsiun, geus jadi "ua iun", tapi sanggeus pangsiun mah aya onjoyna kuring jadi juragan buku, ngarangkep antara tukang sasapu jeung tukang tutunjuk, can bisa ari kudu ngagajih batur mah, pedah kuring boga kios buku di pasar Cihaurgeulis, hasilna "mucekil" atuh lamun buku teu payu bae lumayan bisa dibaca, da ngahaja meuli buku keur bacaeun mah mahal, ari ieu bisa maca tina buku konsinyasi, teu kudu mayar, ngan kudu apik sanggeus maca teh buku kudu di bungkus deui dirapih rapih, sangkan teu kaciri urut dibaca.
Kuring wani nyebut rada onjoy teh lain bae bisa ngaku jadi juragan buku ( heueuh da ngajalankeun kios buku teh euweuh nu nitah, daek heug teu kajeun tea, pan kitu salah sahiji ciri juragan teh, he he ), tapi kuring ge jadi wawuh jeung komunitas tukang buku boh nu loakan boh nu kaitung gede, atuh teu kaliwat behna mah geuning loba barudak mahasiswa anu mandiri anu neangan biaya keur kuliah tina ladang balantik buku, jeung deuih jadi rada nyaho geuning dina dunya perbukuan ge aya "mafia"na, kitu deui bisa wawuh ka para kolektor buku.
Pangalaman nyanghareupan kolektor buku, nu kalan-kalan sok kaluar tina panyangka, aya nu neangan komik taun 70an anu ejaan heubeul keneh, aya nu neangan husus komik wedalan Medan utamana mah pelukisna Taguan Hardjo, aya nu neangan peta kuno atawa iklan kuno, aya deui nu sagala buku heubeul dirampid, tapi inyana teh lain jalma jore-jore, aya nu lulusan S3 ti Amrik, aya pangsiunan BATAN, aya pengusaha, aya dokter, aya oge nu memang balantik barang antik.
Untungna wawuh jeung kolektor teh bisa silih bejaan, atawa silih tukeur buku.
Aya deui, idek liher dina perbukuan teh kuring kungsi nyungsi Aceh, pedah meunang pancen ti salah saurang anggota Kusnet nu di Inggris, Teh Lies Parish tea, pikeun nyayagikeun buku keur sumbangkeuneun ka barudak pahatu lalis di Aceh, nya ti tanggal 7 Agustus kamari kuring miang ka Aceh babarengan jeung Teh Lies, di Aceh meunang opat poe, nya sasieureun sabeunyeureun diditu ge kuring teh rada ngocoblak hareupeun barudak sangkan micinta buku, ceuk basa klise-na mah apan buku teh lawangna elmu maca teh koncina elmu.
 
Aeh enya bilih baraya sadayana bade maca buku-buku Sunda, mangga diantos di rorompok sim kuring, dipayuneun rorompok teh aya plang "Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana", basa kaping 11 Agustus 06 kamari, aya kru TransTV ngaliput, saurna mah kanggo dina acara Good News, mung teu acan jelas pisan bade ditayangkeun kaping sabaraha, ke we upami tos aya iber diwartosan deui. Koleksi nu aya teu seueur nya ari kana 2.500 buku basa Sunda mah aya, atuh nu sanesna aya kana 1.500 buku mah, eta ge mun dietang ti anu kandel 1000 kaca dugi ka anu ipis, ti majalah dugi ka novel, kajian budaya dugi ka inohong, ti heureuy dugi ka kosmologi sunda, basa Walanda, Inggris, Indonesia mung teteap ngeunaan Sunda.
Konsep Rumah Baca sim kuring benten sareng Taman Bacaan, di sim kuring mah haratis alias teu kedah mayar, mung kedah maca ditempat teu ditambutkeun, upami bade nyatet nya mangga we, macana aya bale baca sasaungan aalitan, upami bade aya nu nambut wayahna ku sim kuring dipeleng heula, mun ceuk kereteg hate pasihan nya dipasihan, upami sabalikna he he moal dipasihan.
Barade maca buku Sunda yeuhhh...!!!.
 
MSasmita
 

Posted by: "asep ahmad" [EMAIL PROTECTED]   kang_asep

Wed Aug 16, 2006 2:35 am (PST)


Akur jeung saluyu pisan ka mang Jamal ari bangsa urang mah naha bet resep jadi karyawan teh lah ....sok atuh boga cita2 teh jadi Boss.
atuda lahan pagawean beuki hese.....
kudu boga cita2 "ngagajih batur daripada digajih batur", apan cenah aya istilah jadi "Big Fish in small pool" tong jadi impun di sagara.
Tah Lolobana nu sukses teh tidinya .....
mun bisamah ti bubudak kudu ditanamkeun boga cita2 jadi Boss.

Cag...
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke