Kang Yudi, Kang Rahman,
Keun ku kuring urang peuntaskeun.
Jigana gagasan gang Yudi leuwih realistik. Geus kapok, jigana, ninggali kabiasaan bulak balik dekok, ganti menteri ganti garapan. Piraku teu koleng, anon perluna ngaran kudu diganti, tina SMA, jadi SMU, ayeuna geus balik deui jadi SMA.  
 
Balik deui kana perkara basa Sunda, kuring minangsaraya ka Kang Rahman, jiga kumaha pangajaran basa Walanda di nagri Walanda.
 
MH

Yudi Rosandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Rahmat,
 
  Atuh kang MH teh jadi jambatan ari kieu mah nya?
 
  Kang, keun ieu mah urang "tukar pikiran" we. Sugan jeung sugan aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
  Sim kuring sanes bade ngabanding banding sareng EU ieu mah. Tapi noong  kamampuan diajar bahasa nu dipimilik ku barudak pada umumna. (Aya da  literaturna teh, ngan duka dimana, patumpuk tumpuk jeung nu teu  pararuguh meureun). Sim kuring ningali yen ieu teh hiji potensi anu  alabatan alusna, nu kudu dimangpaatkeun ku urang demi kamajuan US  sorangan.
 
  Kuring nyoba ngaguar akar tina ieu masalah. Apanan lamun urang bisa  nga"definisi"keun akar masalahna, insyaallah moal salah nyokot  kaputusan.
  Misalna, lamun urang kudu ngarubah sistim pendidikan barudak, ku jalan  ngarubah bahasa "pengantar", naha moal malah nyiptakeun masalah anyar?
  Ayeuna mun ku urang ditingali, apanan buku bukuna ge dina bahasa  indonesia (kacuali buku pelajaran basa sunda). Atuh meureunan engke  jadi gawe deui kudu nyieun buku buku anyar jang barudak. Naha moal  malah ngahambur hambur biaya? Apanan meureun saeutikna kudu ngarubah  "imprastruktur".
 
  Jadi balik deui kana pendapat kuring ti heula, sigana mah lewih alus  urang ngabebenah sistim nu geus jalan. Ulah gampang ngarubah, da kabeh  sistim ge ari dijalan keun ku cara nu bener mah, insyaallah bakal alus  hasilna. Lamun ieu sistim ku urang dirubah rubah wae, apanan sagalana  kudu dimimitian ti enol deui. (cenah aya beja di urang mah unggal ganti  mentri ganti oge kurikulum. Matak teu maju maju). Lamun ditingali tina  sisi "transfer pengetahuan" da geus kabukti aya hasilna. Ngan meureun  ayeuna hususna basa sunda, cik bisa teu urang ngembangkeun sistim anu  bener bener udaganna teh jang ngalatih budak ngagunakeun jeung nyimpen  kacintaan kana bahasa dina hate maranehanana? Ulah ngan ukur nitah  budak ngapalkeun kata jeung istilah.
  Jadi urang teu kudu murang maring kana ngaganti bahasa pengantar. Ayeuna mah optimalkeun we heula sistim pengajaran basa sunda.
 
  Tuluy ngenaan ngagunakeun bahasa asing, di kelas. Maksud kuring teh  kieu. Jadi lamun guru keur ngajar bahasa inggris, ya atuh kudu dipake  ku manehna di hareupeun kelas oge. Supaya ngabiasakeun murid murid  ngadenge, jeung ambeh boga gambaran kumaha cara eta bahasa teh  dipakena. Nya ieu sarua oge jang basa sunda. (Atuh ngewa ngajar basa  sunda ku bahasa inggris mah :)) Ari pelajaran salain bahasa mah, nya  kudu ku bahasa pengantarna atuh.
 
  Tah kitu we kang, hampura yeuh bisi "nada bicara" sim kuring kurang  merenah. Da ieu mah geus bakat meureun. Insyaallah ari niat mah iklas  jang kamajuan urang sadaya.
 
  Wassalam.
 
  Yudi
 


    Haturan Kang Yud,
   
    Duka nei duka henteu yeuh, kuring rek mairan fdw-an.
    Susuganan diapungkeun ku Kang MH. Da kuring mah ngan
    ukur aktif di milis BS wungkul. Ngahaja, nalian
    maneh... sok kamalinaan puguh.
   
    Kang Yud, sacara umum kuring sagaris jeung pamadegan
    Akang. Ngan lamun urang ngabandingkeun kaayaan basa
    Sunda (BS) jeung basa anu formal di aku di nagara2 UE
    mah kacida pincangna.
   
    Conto kaayaan Belgia jauh beda pisan jeung RI. Belgia
    ngaku formal 3 basa (NL, FR jeur DE). Ieu basa teh
    kabeh satara... dilingkungan anu mayoritas na make eta
    basa, nya sakola2 na make basa panganteur basa
    moyoritas.
   
    Ari di TS mah apan beda, BS teu pisan boga lolongkrang
    sangkan dipake formal. Asa can pernah kawenehan aya
    produk hukum (DPR/D) anu make BS? Tong boro kitu,
    dalah neangan warta radio/TV oge mani hese sigana teh.
    Ieu mah panyawang ti kajauhan he he he.
    Tah, lamun kaayaan hiji basa teu diaku sacara formal,
    akibat na nya bakal teru morosot. Kuring nyebut dina
    posting katukang ku istilah TEU DIASAH. BS jadi
    mintul, balukarna US anu make BS oge nurutan jadi
    mintul.
   
    Upaya make BS ditingkat SD, ari ceuk kuring mah salah
    sahiji optimalisasi/formalisasi sangkan basa Sunda
    dipake deui ku bangsa na sorangan. Itung2 dianggap
    ngasah PESO tea.
   
    Kuring satuju lamun basa nasional jeung asing
    diajarkeun ti bubudak keneh. Ngan basa indung ulah
    dipopohokeun! Kaayaan di TS ayeuna nya siga kitu
    pisan. Akibatna? Tong boro basa sejen... basa indung
    sorangan mani pabaliut makena.
   
    Argumen kuring nu sejen, dina raraga diajar
    (nerangkeun hiji masalah). Sigana mah leuwih gancang
    asup nerangkeun ka murid make basa anu
    'dipahami'(hampura!) tinimbang make basa anu can bisa?
    Dina hal ieu BI?
   
    Cobaan geura, nerangkeun palajaran (naon bae lah) make
    basa Inggris di hareupeun kelas. Napel moal nya?
    Paling oge kerung he he he!
   
    Baktos,
    Rahman, Wassenaar/NL
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to