mundur kapengker ka seratan kang Kinkin ieu, ngalenyep dina hate hoyong babagi kahariwang...
 
Tipayun, hoyong nyamikeun kasedih ku seueurna jalmi nu nyanyandak simbol agama tapi kalakuannana patukang tonggong jeung agama. Tapi, langkung sedih deui abdi janten alergi ka na agama. Siga na teh upami bade nyerat kecap "a-g-a-m-a" we asa bareurat da ngaraos teu acan tiasa nedunan sadaya tungtunanna. Beh dituna sok "dihubungkeun" jeung batur nu korupsi pedah sarua manehna oge mamawa agama.
 
Asa enteng keneh nulis "d-e-m-o-k-r-a-s-i" da tara aya nu nyalahkeun demokrasi sanajan loba jelema nu ngaku demokratis tapi kalakuanna oge teu eleh patukang tonggong jeung sumanget demokrasi. Nyandak conto nu populer kalakuan Abah Bush nu miceunan pajak rahayatna pikeun nyerang Irak, tapi nu disalahkeun teh si Bushna wungkul teu nyebut2 nu salah teh demokrasi ningan!
 
Saterasna, perkawis korupsi, asa isin ayeuna mah tutunjuk ka pajabat teh. Sok hilap teh yen pas abdi nunjuk irung batur, aya tilu ramo nu nunjuk ka dada sorangan: aeh da meureun maneh oge milu andil ka eta kurupsi teh! Geus saluyu jeung tungtunan teu nya kuring milih pamingpin teh? Ke geus heuras tikoro nyalahkeun pamingpin ana beledug teh dibalikkeun: pan maneh nu milih siinyana jadi pamingpin teh? Naha baheula maneh milih kulantaran peci jeung baju bari jeung teu nempo eusi "peci"-na jeung eusi "baju"-na? Urang2 keneh nu resep simbol geuning!! Hariwang....
 
Ah duka ah.... ageung teuing urusan2 eta teh keur abdi mah ULMKN
 
Baktos
y    
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mirajul muttaqien  wrote:
"reuwas... ngagebeug ... campur heran, naha beut kitu-kitu teuing. tapi da teu kudu reuwas ketang da eta mah asana geus biasa. pan di nagara urang mah umum nu kitu teh..."

panasaran, na keur ngobrol naon barudak teh, kuring asup miluan gabung, tetela geuningan keur ngobrolkeun masalah korupsi eung.... emang bener da di nagara urang mah korupsi teh geus jadi bagean hirup sapopoe meren nya. sok geura titenan ku urang sakabeh, teu kudu ribut oge pan geus bukti nagara urang teh paling yahuuudddd dina soal korupsi mah.

tapi eta mang hanjakalkeun, geuning anu terlibat jeung jadi tersangka na teh mantan... mantan naon nya, wah piraku dibalakakeun mah. tapi keun bae ketang ngarah acas, eta mantan Mentri Agama..., Said Agil al-Munawar, mangga sing janteun pieunteungeun keur urang sakabeh, yen neupi ka kiwari loba jalma mawa ngaran agama tapi laku lampahna masih keneh patoja'iyah tina agama... sanes kitu Ustadz...? saha nya ustadz BAKUS teh, mangga geura guar masalah ieu, sangkan jadi bahan pikiraneun keur urang dina enggoning ngomean akhlak.

eta pedah urusan haji kitu nu diurusna, pan ceuk beja urusan haji mah "baseuh", mangkana bareto lain ukur depag nu ngurus, tapi oge pamarentah oge pipilueun kana ieu urusan. malah leuwih jauh dina masalah zakat kitu oge... pokok na mah nu "baseuh-baseuh" lah.

Bapak Kuring di DEPAG... matak kuring masih ingeut nalika di titah milu testing ka DEPAG kuring bantangul teu pernah daek, sabab sieun pajarkeun. dina asupna ge pan aya bapak na. paling si eta mah asupna saba aya bapak na, alias KKN thea, tah sieun kitu kuring mah. nu matak mening teu milu testing. keun lah cukup si Bapak nu ngalaman jeung hiji lanceuk kuring, asa na geus cukup ulah katambahan ku kuring.

da enya atuh, tibaheula hayang asup jadi PNS teh kudu make duit wae, rek ka DEPDIKBUD, DEPAG sarua bae mening kuring mah ngala duit ku hasil kesang sorangan. daripada engkena aya embel-embel KKN, tada teuing kumaha meren anak pamajikan kuring nu engkena bakal dahar tina gajih DEPAG. enya memang teu kabeh da loba oge nu bersih, tapi ach da kuring mah tetep hariwang, sabab ibaratna mun kuring aya di DEPAG sarua jeung kuring make baju bodas, tah mun kotor saeutik atra katembong sok sanajan saeutik. matak mending milih aman lah.

geus loba bukti anu nyata, mawa ngaran agama tapi malah mawa citra nu pikaijideun. tah meuning kuring kuli kasar, bae jadi TKI ge nu penting mah hasil kekesangan karasa ku sorangan, dulur, baraya, babaturan, malah mudah-mudahan bisa karasa hasilna ku ummat balarea.

da enya atuh ti leletik kuring mah geus boga pamadeugan moal jadi PNS, meuning wirasuwadma... ech salah, wiraswasta. asa leuwih nikmat rarasaan teh. ingeut baheula jaman sakola, pan 5 taun kuring jadi tukang rokok asongan ti kelas 2 SMP neupi ka tamat SMA. nikmaaa......ttt rarasaan teh bisa ngala duit sorangan. si bapak teu kudu milu mikiran biaya sakola kuring, malah kuring panbisa ngabantu ka adi nambahan duit jajan.

ach... naha beut jadi cumarita pangalaman sorangan kieu ieu teh... hampura baraya, sanes bade promosi ieu mah etang-etang narawangan mangsa katukang... heu...heuhh deuh. mangga barade yeuh rokok na....

ra rokok-rokok-rokok..., yang haus-yang haus, sprite, fanta cola yang dingin-dingin.... mentos, hexos permen rokok-rokok-rokok...

cag ach...

Kin's 


--
>> yudi irmawan <<


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football



--
---------
adesaeatgmaildotcom


--
>> yudi irmawan <<

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke