Inget harita keur tugas di Banten.
Naon anu katingali ku MJ kaalaman pisan ku kuring.
Urang Baduy jero, osok oge marake gadget, kayaning jam tangan, radio 
leutik (walkman) jste. 
Malah sok aya nu make sendal kulit.
Lamun rek asup ka perbatasan Baduy jero, eta kabeh barang2 sok 
disarumputkeun dihandapeun tangkal atanapi dina jero taneuh.
Da teu wasa cenah ari dipake di jero mah....
Kade Mang Jamal, olok kejo eung wawuh jeung urang Baduy 
mah....heuheuheu (Kungsi kaalaman nyiapkeun dahar jang sarombongan 12 
urang. Harita 11 urang nu lain keur marandi. Nu nyesa ukur saurang 
aki2 60 taunan. Eta kejo ludes kusorangan :P)


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <ja...@...> wrote:
>
> 
> bieu pisan pa pa pulung jeung alona, urang ciranji baduy (luar), 
datang ka
> pangulinan. geus sababaraha kali. mawa barang jualeun has baduy,
> sarupaning baju, karajinan, madu, bedog, jsb. basa nganjang ka 
baduy, di
> imah pa pulung ciranji si kuring ngendong jeung kang wahyu.
> 
> sina dibuka we barang-barangna nu dina karung teh. keur diriung ku
> mahasiswa. sing payu.
> 
> isuk-isuk tadi aya deuih sms ti yaman bnu  ieu barengna jeung samin, 
urang
> cikadu baduy luar oge. boga hp cenah.tapi mun balik ka lembur, sok
> disumputkeun handapeun tangkal gede di kebon, da teu meunang. keur 
di imah
> hawe cenah. bisi perlu baju atawa barang sejen di baduy. dua 
rombongan nu
> geus wawuh teh.
> 
> hanjakal can boga  modal, rek nyieun Distro BADUY di Bandung.  aya 
nu minat?
> 
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> http://mangjamal.multiply.com
>



Reply via email to