[Urang Sunda] Re : Galuh Garut-Kawali Asal Banyumas

2007-01-05 Thread Faisal Akbar
Upami ningalian sajarah, beh dina babad, tulisan Kang Edi SEkajati, dkk sareng buku kritis Naskah Wangsakerta. Galuh purba hampir sami sareng Kerajaan Kendan. Dina hubungan raja2saterasna bakal aya gabungan sareng raja ti Indraprahasta. Wilayah jangkauan Galuh purba dugi ka ujung timur jawa.

Re: [Urang Sunda] Re : Galuh Garut-Kawali Asal Banyumas

2007-01-06 Thread oman abdurahman
Tuh nya, galuh mah diparebutkeun. Kamari diaku ku Banyumas, ayeuna ku Kendan. Lumpat ka Garut janten "goblog", anjog kana basa Sunda ayeuna janten..."geuleuh"? hehehe. Bisa kitu nya? ari di wewengkon seler Banjar mah "galuh" teh sebutan keur budak awewe, siga "nyai" atawa "eneng" mun di urang mah.

Re: [Urang Sunda] Re : Galuh Garut-Kawali Asal Banyumas

2007-01-07 Thread Gunawan Yusuf Miarsadireja
kuring kantos ngobrol sareng Kang Prof Yoseph Iskandar, khususna kana sajarah di tatar sunda, tug nepi kiwari ceuk sajarah nasional, karajaan pangkolotna di Indonesia teh kutai jeung tarumanegara, padahal jauh kadituna aya deui nu pangkolotna nyaeta salakanagara di tungtung pulo jawa, ngadegna kira

Balasan: Re: [Urang Sunda] Re : Galuh Garut-Kawali Asal Banyumas

2007-01-07 Thread ucep wahyudin
Punten nyiring nambihan. Galuh=Permata=inten=parawan=galeuh=meuli Tirem=Tarum=harum= bahasa sunda kuno=melayu Wangi=bahasa india perak,emas=basa sunda,,,salaka,kencana nagara=basa india/s.sekaerta Aki Tirem bs sunda, Tarumanagara=india Panginten anu disebat wiwitan budaya asli setem

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re : Galuh Garut-Kawali Asal Banyumas

2007-01-07 Thread oman abdurahman
Teu tebih Kang. Permata, parawan, meuli eta pakait jeung maksud "galuh" = ajen inajen, anu pangdihargaanana, mataholang tea. Kedah jembar oge geuningan ari ngamaknaan hiji hal teh. Hapunten sim kuring anu heureut ku pangaweruh. Sapuk, sateuacan kadatangan ku Hindu (India), komo ku Islam anu ngageg