Muhun bah Willy... teraskeun atuh padungdengan teh
abdi mah resep ngabangdungan bah Willy sareng kang Yudi oge anu sanes na... upami adu argumen teh sok bari masihan referensi na ( tah upami anu kieu peryogi file nangkod asal ulah ageung teuing ) kanggo ngadukung argumentasi urang.
 
kang Yud, si mas Roy rupina teu acan kenal sareng Imam Bukhori ( abdi ge teu acan ketang... )
upami sholat kenging nganggo basa masing2 daerah panginten anjeuna parantos ngajarkeun ka murid na sholat nganggo basa Rusia atuh... hehehe
 
mangga ah di lajengkeun padungdengan nana, abdi bade nyempod deui...
 
Baktos / Kamal
 
 
 
----- Original Message -----
From: ayi
Sent: 10 May, 2005 1:26 PM
Subject: [Urang Sunda] Re Shalat Basa Indonesia

hihi Bah Willy pundung euy (heureuy Bah punten)..
Kieu resepna padungdeng teh, tiasa ningal hiji masalah ti dua perspektif nu beda.
 
Numutkeun abdi mah Bah Willy leres yen hakekatna ditarima atawa henteu sholat teh hak prerogatif Allah SWT. Tapi Kang Nana oge leres da sanajan hakekatna nganilai shalat hak Allah tapi panginten kedah urang teh kedah narekahan syareatna. Logikana kieu: kumaha sholat urang rek ditarima ku Allah lamun syareat (baca: cara) shalat urang teu sarua jeung nu diparentahkeun ku Anjeuna!! Janten PR ageung urang teh milarian cara shalat nu sami sareng kahoyong-Na da eta modal dasar pikeun shalat urang ditampi ku Allah sanes? Keun we khusyu mah masalah pribadi da eta mah goib, ayeuna mah pikiran we syarat wajib, syarat sah, rukun tur sunnah2 wudhu jeun shalat.
 
Perkawis shalatna ustadz Roy, sapertos JIL kamari, abdi teu satuju kana cara mikirna nu "motong kompas" dina masalah akidah siga kieu. Risikona ageung: teu ditampina sholat urang! Nu shalat nurutan nabi/sahabat/salafi we can tangtu ditarima, komo deui nu mahiwal! enteng we abdi mah mikirna.
 
Upami shalat tiasa ku basa sejen, abdi yakin tangtos nabi tos ngajarkeun / ngameunangkeun shalat make basa Persia ka Salman al Farisi atawa shalat make basa Yahudi ka garwana (saha namina nya?), atanapi basa Mesir ka Miriam al Qitbiyah, atanapi basa Rumawi ka sahabatna ti Ruum. Sadaya sapagodos sanes teu aya nu disumputkeun ku Nabi Muhammad perkawis agama (patarosan nabi di khutbah panungtungan di Hajji Wada)? Nuduh nabi teu ngajarkeun cara2 ibadah nu dimeunangkeun ku Gusti? paralun teuing!
 
Katiluna, Bah Willy, Mama ManAR, Mang MJ tur para gegedug pan tos sapagodos yen perkawis muamallah langkung "urgent" pikeun kaayaan ayeuna. Naha kalah ngulukutik perkara shoooolat we ti baheula nepi ayeuna bari jeung aya risiko salah deuih! tur ngangajak batur deuih, aya aya wae!
 
Pamungkas, leres Teh Nia, naha teu bisa kitu diajar basa Arab di luar shalat? Tur kacipta, datang ka Inggris rek sholat jamaah teu ngarti, komo ka Pacifique (ka Kang Murdi) hayang sholat teu ngarti deui da jamaahna ngangge basa Perancis! kumaha mun muslim Batak keur ka Jogya? hehe... teu praktis ningan upami mikirna global mah!
 
Baktos
y


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to