Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur) mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung meunang nuar dibeulah, terus eusina (hatena) di kerok diberesihan, sanggeus kosong, eta kawung dirapetkeun deui, dipaseuk supaya rekep pisan. Terus di garotong di bawa kaluhur pasir (biasana di pasang di puncak pasir pogor luhureun lembur cibanteng). Ba'da saur eta lodong teh di sundut, sakali nyundut, karbit nu diasupkeun teu kurang ti sakilo. Sorana ? wah... ngageleger ... imah anu jarakna kurang ti 100 meter mah beak kaca jeung kentengna pareupeus... tapi da sok digantian / dibere parurugi ku ajengan. Manjang eta teh salila bulan Puasa, namatkeun maleman takbir, malah sok aya perang lodong sagala, patarik2 jeung lembur peuntas.
On 10/22/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu bisa > kuring > karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge > caritana kurang hade. > > Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa ka aki > di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah si lodong teh saminggu > deui > rek lebaran peupeus dan karbitna gede teuing. Nostalgila. Duka ayeuna > barudak di desa marasih keneh kitu nyarieun bedil lodong ari puasa? Boa2 > geus dilarang nya. Baheula mah ari lebaran teh sok rame ku petasan. > Pangbaradagna biasa ti haji pabrik kurupuk nu pang jugalana. Ayeuna mah > teu > aya, jeung aki haji na ge tos pangsiun, sapalih pupus. > > >