Poe Jumaah kasorenakeun aya ondangan ti Musium Sribaduga, pikeun ngilu hadir 
kana acara milangkala musium Sribaduga ka 27 poe Saptu tanggal 8 Juni 07, aya 
acara pameran anu temana Budaya Cina di Tatar Sunda, Urang wangun sarupa nu 
asalna rupa-rupa.
Enya we barang datang ka Musium teh geus rame, acara dimimitian jam 9 
isuk-isuk, rame ku engkoh-engkoh jeung encim-encim, Tan Deseng ge aya.
Maca leaflet pameran aya nyebutkeun anu asalna ti Cina diantarana baju kampret 
jeung calana pangsi, kelom jeung payung geulis. Alat transportasi padati, malah 
tutumpakan anu disebut Kereta Paksinagaliman ge asalna ti Cina. Geus puguh ari 
sempoa jeung dacin mah da ngaranna ge Cina pisan.
Kitu deui kadaharan kayaning tahu, tauco, toge, bacang asalna ti Cina. Anu 
sejen geus asup kana kosakecap Sunda nyaeta kamoceng, pengki,loteng,ubin, 
wuluku, pangkeng, sibeungeut (si-bing-e), taneuh (to-nieh), sosi atawa konci 
(so-sih). Hali ieu ge kantos diserat ku Ibu Fatimah Djajasudarma dina PR.
Pameran teh ti kaping 8 dugi ka kaping 10 Juni 2007.
Cik tina sakitu puluh rebu kecap basa Sunda, aya sabaraha anu asalna tina basa 
Cina..?. Mangga ka ahlina geura ditalungtik.

MSasmita
 

Reply via email to