Dulur Kusnet pasosonten dinten ieu Alhamdulillah parantos diayakeun silaturahmi tur  diskusi/panglawungan jeung Prof. Dr. Ayat Rohaedi nu katelah Mang Ayat. Nu tiasa ngaluuhan teh Kang Rachmat UI (sohibul bait), Kang Ikmal, Kang Agus Pakusarakan, Teh Imas, Kang Gandjar (geng Kang Agus), sim kuring. Nu istimewana ieu silaturahmi teh kulantaran diayakeun di Lab TV UI, janten panglawungan langsung direkam. Rencanana bade ditransfer ka VCD kangge disebarkeun ka Kusnet/US saalam dunya.
 
Kumargi acara teh dadakan, waktos Kang Rachmat ngontak Mang Ayat teras Mang Ayat gaduh waktos dinten minggon nya der we Kusnet nyantok kasayogian Mang Ayat. Punten acara teh teu dibewarakeun da nembe minggon enjing gaduh konfirmasi ti Mang Ayat acc tabuh 3 sonten. Kumargi dasarna "tangkep heula kasempetan jeung pacok hate Mang Ayat yen US daria", konsekuensina: (1) patarosan kirang sistematis, (2) nu sumping teu seueur. Sisi positipna:
1. Mang Ayat bingah & sayogi aya tepungan deui jadi sapertos acara serial;
2. Materina neuleuman sunda jeung kasundaan ti jaman Tarumanagara dugi ka runtagna Padjadjaran;
3. Pasca runtagna Padjadjaran nepi ka pangaweruh mataram saurna disawalakeun we jeung Prof. Eddy S. Ekadjati, oge jeung Dr Kusnaka Adimihardja ti sisi Antropologi;
4. Ping 31 Januari Mang Ayat bade ngaluncurkeun buku di Bandung (penerbit Kiblat - Hawe Setiawan), Kusnet dipiharep ngaluuhan acara.
--------------------------------------------------------------------------------------------------
Eusi panglawungan teh, ringkesna kieu:
Topik: Sunda & kasundaan ti jaman Tarumanagara dugi ka Padjadjaran
 
Bahasan #1: Asal usul Sunda
1. Kecap Sunda & urang sunda geus aya ti abad 6;
2. Harti nu sering dipake mah nyaeta: Cahaya, Cai, tempat nyender;
2. Tugu & prasasti ngeunaan kasundaan sakedik pisan teu langkung ti 30;
3. Ngarefer ka Alm. Saleh Danasasmita, kultur ngahuma sanes agraris nu jadi sabab sakedik titinggalan tutulisan ti karuhun (Ieu oge nu jadi matak kabuyutan Rancamaya di"rel estat"keun da teu aya titinggalan arkeologi formal di Rancamaya);
 
Bahasan #2: Ti Tarumanagara ka Galuh-Sunda
1. Tarumanagara ngawasa TS nu ayeuna wilayah Jawa Bagean Barat;
2. Masing-masing daerah aya raja-raja leutik, tapi puseurna Tarumanagara;
3. Tarumanagara runtag, aya dua karajaan. Ti Citarum ka kulon karajaan Sunda, ti Citarum ka wetan karajaan Galuh (nepi ka Cilacap, Bagelen, Brebes);
4. Alatan tradisi silih ngawinkeun turunan2 rajana, puseur Sunda ganti-gantian di Sunda atawa di Galuh;
5. Teu aya ekspansi ti duanana,alalakur, ngan masing-masing paagul agul ngarasa pang"Sunda" na;
6. Diperkirakeun yen ieu sipat ngarasa nu "pang..." teh jadi awal pacogregran di US Katutuluyan nepi ka ayeuna asal jeung teureuh sok jadi alatan ngarasa pang luhungna, asa pang menakna...
 
(tadina rek terus kumaha peralihan jadi Padjadjaran, tapi engke rek dibahas di Tepung Lawung 2)
 
Bahasan #3: Pamarentahan
1. Ciri (bola beureum) ti Tarumanagara nepi ka Padjadjaran teh estu US mah demokratis, teu aya kasta-kastaan kawas di wetan.
2. US ngarti masing-masing posisi, mun ayeuna mah kawas di Baduy naon posisi puun naon posisi jaro.
 
Panutup:
Pesen keur Kusnet:
1. Kudu reueus jadi US
2. Kudu keyeng make ciri jeung budaya sunda. Kultur/budaya sunda nu alus geura tuluykeun, atuh nu teu alus tinggalkeun bae. Paksakeun make basa sunda. Basa sunda teh kudu jadi basa panganteur dina diajar!
3. Kudu mentingkeun atikan
 
Sakitu ti sim kuring. Hapunten kana kakiranganana, ka dulur nu ngaluuhan mangga lempengkeun pamendakan sim kuring nu bengkok atuh tambihan dina teu lengkepna. Ka Kang Rachmat hatur nuhun kana tarekahanana ngahadiahkeun Mang Ayat keur taun anyar Kusnet, oge ka stafna di Lab TV UI.  Ka dulur Kusnet mangga bade kumaha "follow up"na (langkung afdol pami tos ningali VCDna).
 
salam baktos ka sadaya
tirta
 
 


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke