Nurutna Pa Ganjar ah... ngadamel Carlu (Carita Lucu)...

Perang
Esih      : Rek kamana Tik?
Atik      : Ulin ka emol (mall) 
Esih      : Kade sing ati-ati, keur meujeuhna perang, kudu loba mawa duit.
Atik      : Perang? Perang naon nu make duit?
Esih      : Perang Diskon!


Paman
Ujang    : Sihoreng Mangle teh campuran tina basa Sunda & Jawa nu hartina Paman.
Asep     : Naha bisa kitu?
Ujang    : Dina Basa Sunda, paman teh disebut Mang (Emang), ari dina basa Jawa 
mah Le.
Asep     : Jiga Mak Nyak dina sinetron Si Doel wae maneh mah*heu*heu*
 
Ujian
Nyanghareupan ujian semester nu munggaran, 
Udih nu kuliah di Seni Rupa ITB diajar ngagambar. 
Keur khusyu diajar, indungna mucunghul dina lawang panto.
"Dih, lain keur ujian maneh teh?!"
"Muhun, Ma'*"
"Naha atuh gagambaran wae titatadi?! geura ngapalkeun kainyah!!"
"????"

ro2

Kirim email ke