Kacaritakeun, Dunya pawayangan "geger", "Wahyu Cakraningrat", mustika ti 
kahyangan diturunkeun ka Dunya ku para Dewa. Sing saha wae nu bisa 
ngapimilik ieu mustika, manehna atawa turunana bakal jadi raja di nagara nu 
"gemah ripah loh jinawi". Para raja di Dunya pawayangan : Pandawa, Astina 
....jjrrd maruru ieu mustika, dparebutkeun tepi ka campuh perang. Nu hasil 
ngapimilik "Wahyu Cakraningrat" teh Abimanyu. Tapi Abimanyu teu jadi Raja, 
nu jadi Raja anakna, Parikesit nu mimpin nagara Astina nu "gemah ripah loh 
jinawi", Adil Makmur .....jeung sagala rupa slogan nu hade-hade sejenna.

Ceuk nu ngulik budaya, cenah, konsep "wahyu cakraningrat" teh aya di Budaya 
Jawa (oge jeung budaya Sunda, da teu pati jauh). Kakawasaan hiji raja 
(pamimpin) teh mangrupakeun pamere/ anugrah ti Kahyangan (Tinu Maha Kawasa). 
Kulantaran kakawasaan teh pamere ti Kahyangan, tanggtu tanggung jawabna oge 
ka Kahyangan.. Raja dimeunangkeun  rek ngukumahakeun rakyatna oge, sabab 
tanggung jawab manehna lain ka Rakyat (nu ceuk konsep ieu teu mere 
kakawasaan nanaon).  Urang Jawa percaya Raja nu "lengser kaprabon", 
sabenerna lain kulantaran dipaksa rakyat atawa ku kajadian makar, tapi 
leungiteun mustika "wahyu cakraningrat". Kapercayaan ieu masih aya tepi ka 
ayeuna, kabuktian kuayana rumor waktu Suharto turun jadi Presiden. Cenah nu 
meunang mustika ieu teh, sabenerna Ibu Tien. Waktu Ibu Tien wafat,  aya 
rumor nu nyaritakeun aya "sinar ngagulung" ti  imah Ibu Tien/ Pak Harto di 
Solo nu nuju ka langit ( hartina ninggalkeun imah). Dua taun ti Ibu Tien 
wafat, Pak Harto "lengser kaprabon".

Konsep "Kakawasaan ti Kahyangan", beda jeung konsep Demokrasi nu sekuler. 
Dina Demokrasi, kakawasaan teh lain pamere ti Kahyangan, tapi ti Rakyat. Nu 
boga kakawasaan tanggung jawabna ka rakyat nu mere kakawasaan, lain ka 
Kahyangan. Lamun eureun nya dieureunkeun ku rakyat. Contona rakyat ( via 
parlemen)  nyieun undang-undang supaya pangawasa diwatesan waktu 
kakawasaanana, ulah terus-terusan nyenyekel kakawasaan. Dina Konsep 
"Kakawasaan ti Kahyangan" tangtu moal aya Undang-undang nu ngawatesan tepi 
ka iraha Pangawasa kudu eureun,   nya kumaha kahoyong ti "Kahyangan" wae, 
iraha bade nyabut mustika "wahyu cakraningrat"na.

Mana konsep anu sae? Nya nyanggakeun we ka sadayana, da ari manusa mah 
cenah, ku Gusti Allah teh dibere kamampuan ningali  "katukang" ( ningali 
sajarah)  keur conto atawa  pieunteungeun keur kahareup!

Baktos,
WALUYA








Reply via email to