Hatur nuhun kang, mani murudul kitu geningan. Teu acan aya nu dibuka. Ke lah upami tos rada salse, urang baca. Ma'lum basana basa buhun,sareng seueur silokana.Janten macana kedah nyalse. Kitu sanes?
 
Wassalam
Dudi Asgar

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dulur-dulur,
 
Teuing aya angin naon, ngadadak aya anu ngalungkeun "perwangsitan", utamina Wangsit Prabu Siliwangi ka milist. Hiji jejer anu kungsi dipostingkeun jeung dipadungdengkeun di awal-awal permilist-an si kuring, taun 2000-2001-an, ayeuna ditabeuh deui.
 
Nyumponan pamundut Kang Dudi Asgar, kasanggakeun ieu wangsit PS anu kungsi katarima draftna ti hiji sepuh, dimuat di milist US:
http://www.urang-sunda.or.id/uga_siliwangi.htm (mun hese, klik dua kali)
 
Saterusna, sababaraha wangsit di handap ieu kungsi diguar ku pangersa Abah Surya di website sundanet. Mangga tiasa dipariosan alamat-alamat di handap ieu:
 
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=86 (Wangsit ti Prabu Wastukancana)
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=85 (Wangsit ti anu mindeng ditareangan)
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=81 (Wangsit ti Pangeran Papak)
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=80 (Wangsit ti Batutulis Bogor)
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=79 (Wangsit ti Badigul/Rancamaya)
 
Oge, aya keneh dina pabetekan di pc si kuring, hiji wangsit anu judulna "Wangsit Lebak Cawene". Hampuran, can kaburu dipostingkeun. Ke sugan pareng ka hareup.
 
Patali jeung wangsit, aya oge cecekelan Urang Baduy. Mangga pariosan di alamat ieu, kenging mostingkeun Teh Ely, bahanna beunang nyatet si kuring ti jurutulis jaro Daenah, di Kadu Ketug, Kanekes (Baduy), taun 1997:
http://www.urang-sunda.or.id/prinsip_julia.htm
 
Sakitu wae heula. Jeung,  poma ulah nagih guaranana, si kuring rumasa teu bisa :)
 
baktos,
manAR



What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to