judul bukuna, Hidup Tanpa Ijasah. penerbitna Pustaka Jaya, kandelna
1000 kaca leuwih. 

diacak macana, kapanggih sababaraha hiji nu nunjukkeun kawani US. siga
pangalamanana dina acara perpisahan dubes belanda. pendak jeung Sutan
Takdir Alisyahbana nu naros, "Enya, Pustaka Jaya jadi Pustaka Sunda?"

kang AR ngawalon (kira2, persisna poho deui, bukuna teu dibawa), "Ah,
Pak Takdir, eta mah urusan kecil, Republik Indonesia ayeuna, ti
presiden, wakil presiden, nepi ka dirjen urang jawa." nu ngadangu
jawaban AR seuri. pak Takdir culak-cilek cenah. nu teu seuri harita
Prof Selo Sumardjan, sosiolog UI nu harita jadi asisten wapres, sultan
hamengku buwono!

di tengah pajabat puncak RI didominasi ku urang wetan, kang AR
teuneung ludeung! 

kajadian samodel kitu aya deui dina bab sejen, nu ieu soal ngangkat
dirjen.

sabagian tulisan mukakeun pikiran pisan. yen mun urang sunda atawa
etnis lain malire kana kabudayaanana, sok disebut kedaerahan,
provinsialis, kesukuan, jsb, tapi ari urang jawa malire kabudayaanana,
tara aya nu wani nyarita kitu!

heuras sikep: naon aya MPR, UUD 45, pancasila, tapi praktekna mah make
model raja jawa. Suharto ge dina tvri baheula, nudijadikeun acuan teh
wayang, lain UUD 45 atawa pancasila. 

kanu hoyong gaduh buku otobiografi Ajip Rosidi tos aya di toko buku
gramedia jsb 

Kirim email ke