Amin...sae pisan tah informasi teh leres ..leres. Kang Gun..sami anu kauninga ku abdi. ----- Original Message ----- From: Gunawan Yusuf To: [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, January 16, 2003 1:58 PM Subject: Re: [UrangSunda] Beja Penting ti Madinah Al Munawaroh (Riwayat Syech AbdulQodir Jaelani 1)
---- Original Message ----- From: "Hendri Mulyana" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Thursday, July 15, 2004 3:19 PM Subject: RE: [UrangSunda] Beja Penting ti Madinah Al Munawaroh > Cik...cik....guar sing rada panjang atuh ngeunaan Abdul Qodir Jaelani teh, > sugan aya pulunganeun urang sarerea ... > > (mun teu lepat mah sok disebut waktos wiridan sanes ?) > RIWAYAT SYECH ABDUL QODIR JAELANI 1 Bismillahirohmanirohim Puji syukur ka Allah SWT nu tos masihan ni'mat rizqi teu kahingga, oge sholawat kanggo Nabi Muhammad SAW oge shahabat, kulawargi, sareng urang sadaya. Hapunten kasadayana bilihna ieu seratan aya nu teu merenah dina manah oge pastina oge seueur kakirangan. Syech Abdul Qodir Jaelani teh salah sahiji wali nu pinjunjul, sareng kagungan derajat, makom luhur disisi Allah SWT, malihan anjeuna kenging jujuluk "Sultoni Aulia" nyaeta rajana para wali. Wali teh nyaeta hiji tingkatan (makom) nu luhung di sisi Allah SWT, tangtosna oge saluhungna wali masih keneh dihandap Nabi. Manusa sadayana sami dipayuneun Allah SWT, nu hideung, bodas, pameget atanapi istri, nu ngabentenkeun tingkatan di payuneun Allah nyaeta taqwa, wali ngagaduhan tingkat taqwa nu luhung. Dina diri manusia tiasa aya sababaraha kajadian luar biasa (nu mengpar tina sunnatulah/heunteu lebet akal pikiran), nyaeta: 1. Mu'zizat Kajantenan luar biasa nu ditunjukkeun ku Allah SWT kanggo ningalekeun kakuasaanana sareng nambih kaimanan, kapercayaan Nabi sareng umatna, ayana mu'zizat teh dina diri nabi, sapertos Nabi Ibrohim teu neurak diduruk, Nabi Musa tiasa meulah laut, Nabi Muhammad SAW dina kajantenan Isra Mi'raj sareng Al Qur'an mangrupi hiji mu'zizat nu moal aya deui jalmi tiasa ngalaman hal eta. 2. Karomah Kajantenan luar biasa nu ditunjukkeun ku Allah SWT, ayana dina diri wali atanapi jalmi soleh nu derajat imanna tos luhung nanging sanes Nabi, contona Syaidina Abu Bakar, sahabat nabi nu ngautahkeun katuangan dina patuangan anjeuna kumargi eta katuanagan teh haram, Syaidina Umar Ibnu Khatab basa keur khotbah Jum'ah ngagorowok mundur, singhoreng eta gorowokan Umar teh kadangungen ku pasukan muslimin nu keur kadeseuh ku musuh dina medan perang, padahal jarakna ti Umar teh rebuan kilometer, Syaidina Ustman ibnu Affan nu tiasa uninga kana eusi kandungan pameget atanapi istri, Syaidina Ali Bin Abi Thalib basa perang jeung Yahudi ngajadikeun panto benteng janten tameng-na, padahal eta panto teh tiasa diangkat ku 40 jalmi dewasa pameget, jrrd. 3. Istijrad Kajantenan luar biasa tina diri jalmi nu asalna tina bantuan setan, jin kafir atanapi kukuatan hideung sapertos elmu hitam, sihir, contona tukang sihir dina jaman Nabi Musa nyihir iteuk janten oray. Benten Nabi sareng Wali Nabi / Rasul 1. Kenging pitunjuk ti Allah disebatna Wahyu 2. Kajantenan luar biasa disebatna Mu'zizat 3. Nabi pangakakhirna Nabi Muhammad SAW 4. Gaduh umat 5. Gaduh Kitab suci 6. Teu tiasa kahoyong nyalira janten nabi 7. Kedah dipasihan terang ka sanes yen dirina nabi Wali 1. Kenging pitunjuk ti Allah disebatna Ilham 2. Kajantenan luar biasa disebatna Karomah 3. Wali dugi ka akhir jaman tiasa aya bae 4. Teu gaduh umat, wali mah janten umat nabi 5. Teu gaduh kitab suci 6. Upami takwa, sholeh, diparengkeun ku Allah SWT tiasa janten 7. Nu terang dirina wali, ti nu sanes saparantos ningali ahlak, takwa, ilmu, jeung karomahna, wali mah tara ngangken-ngangken dirina wali, kumargi tiasa janten ujub, ria, takabur. Asal muasal Syech Abdul Qodir Jaelani Syech Abdul Qodir Jaelani ngagaduhan nasab ti pihak ramana Syaidina Hasan bin Ali bin Abi Thalib, nyaeta putu nabi ti Syaidatina Siti Fatimah, sedengkeun ibuna gaduh nasab ti Syaidina Husein bin Ali bin Abi Thalib oge putu nabi ti Syaidatina Siti Fatimah, janten bih ti pihak ibu atanapi rama masih turunan Nabi Muhammad SAW. Dilahirkeun di Jilan tahun 470 H/1077 M gaduh rama namina Abi Shalih Zango Dost al-Jaelani salah saurang ulama sufi di jamanna. Sufi teh salah sahiji jujuluk kanggo jalmi nu ngajalankeun ilmu tasawuf, tasawuf biasana heunteu lepas tina ajaran tarekat (toriqoh) nyaeta hiji elmu keur neangan jalan supados caket sareng Al Kholiq. Dina jaman nabi teu aya namina istilah sufi atanapi elmu tasawuf, teu gampil nyebatkeun yen Nabi teu ngajalankeun cara-cara nu dijalankeun ku para sufi, sapertos dinten ieu teu saum enjing saum, gugah tengah wengi ngajalankeun shalat tahajud, seueur dzikir padahal nabi tos dijamin lebet ka surga, hirup dina kasusahan sareng kamiskinan padahal nabi tiasa janten jalmi benghar tur senang, kulem dina daun kurma, jsb. Abi Shalih Zango Dost al-Jaelani basa anomna hirup sangsara, ku sangsara sangsarana keur tuang sadidinten oge mulungan tilas katuangan di pasar. Hiji waktos nalika anjeuna lapar, di sisi walungan ningali buah apel, teras apel eta dicandak tuluy dituang. Nalika nuju tuang anjeuna ras emut kana asal muasal eta apel teras ngalirenkeun tuang apel, emutan enjeuna ieu apel teh ngalir tina walungan dicandak ku cai, cai pastina ngalir ti daerah nu langkung luhur. Tangtuna ieu apel kapiceun ti nu gaduhna, beu ambeu karunya teuing ieu nu gaduh apel, hanas dipupuk dipiara mangtaun-taun tuluy uing nu ngadahar. Rek maluruh asal muasal ieu apel ah, sugan wae nu gaduhna tiasa kapendak, lajeng anjeuna mapay-mapay walungan ka daerah nu leuwih luhur milari asal muasal apel.Catang dirumpak akar diliwat, sapoe jeput neangan nu gaduh ieu apel tujuanna rek menta ngahampura kumargi tos nyandak barang batur kalawan teu izin. Hiji waktos anjeuna manggihan tangkal apel di sisi walungan nu buahna leubeut pisan keur meujeuhna asak, ceuk emutanna moal salah deui pasti di dieu nu asal muasalna apel teh, nanging dimananya nu gaduhna ?, tuluy Abi Shalih teh kukurilangan di eta wewengkon, bari naroskeun ka jalmi nu dipanggihan sugan jeung sugan wae aya nu uninga saha nu gaduh eta tangkal. Barang kapendak hiji sepuh, Abi Salih naros ka anjeuna, kieu ucapannana AS Abah ngiring naros naha terang kitu ka nu gaduh eta tangkal apel bari nunjuk tangkalna ? S Naha aya naon kitu cep, ceuk eta sepuh malik naros ? AS Kieu Bah, abdi tos nuang eta apel nu ragrag ka eta walungan bari teu izin ka nu gaduhna, kumargi abdi lapar pisan, maksad abdi mah bade menta hampura ka nu gaduh ieu tangkal S Ooo kitu ceuk eta kolot, nya kuring pisan nu boga eta tangkal the, lajeng eta kolot nyarios kieu "Cep Abah the miara eta tangkal mangtaun taun, ari maneh mah genah wae ngadahar buahna bari teu izin heula ka aing. Salajengna kumaha ?, cag urang teraskeun dina episode salajengna bersambung Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/