Kang ManAR

 

Seratan salira dina milis Kisunda (massage 8652), Alhamdulillah parantos ka’aos. Bet muringkak bulu punduk, duka ku naon. Nyanggakeun ka salira, kumaha carana sing dugi ka mendakan bukti wireh eta teh kanyataan. Da kang Dien mah balaka bae ti ayeuna, balilu !

Dupi ieu anu dihandap, kengeng nyabut tina komentar kana Kolom Bapa Enoch Atmadibrata anu nyarioskeun “Baduy Ceuk Wim van Zanten”. Dadasarna sanes dongeng, nanging tina impenan tepang sareng Prabu Siliwangi. Anu mana dina eta impenan teh Kang Jeng Prabu nyarioskeun ngaraos “kataji” ku ajaran Islam (padahal anjeuna teh kapan Guru Besar Agama Hindu). Ditaros perkawis diudag-udag ku Kiansantang (ieu teh dina impenan), Prabu Siliwangi ngawaler :

1.      Kian Santang teh anak kula anu ngagem tatakrama Hindu kumaha hormatna anak ka bapa.

2.      Kian Santang nu sabada nganjang ka tanah Arab jadi ngagem agama Islam anu nyata tatakramana leuwih jembar, lain ngan ukur anak ka bapa. Sakitu jawaban kula.

Hanjakal, hanjakal pisan ……… ngan ukur dina impenan ! Nanging hate keukeuh merenyeng hoyong ngabeja-beja. Nya ku kituna, mangga nyanggakeun !

 

Salam,

Kang Dien.

 

Komentar : (Baduy Ceuk Wim van Zanten)

 

Duh hanjakal teu disebatkeun, jaman Pajajaran teh taun sabaraha, sugan beda jeung beja nu katarima tina sajarah nu diajarkeun ka barudak di sakola. Tadina mah rek dipapandekeun, sugan aya patalina reujeung warti nu katampi ku pribadi, da bongan nu ieu mah rada deukeut : 2000 taun katukang ! Demi warti nu katampi ku pribadi, yen Kang Jeng Prabu Siliwangi teh sajaman pisan jeung Kang Jeng Nabi Muhammad SAW nyaeta antawis taun 550 – 650 M. Anapon Kian Santang, ieu putra Prabu Siliwangi teh sapantar, sapangkat, sarta nyobat jeung Sayyidina Ali Bin Abi Tholib, duanana remen pisan silih anjangan, dadakuna mah kajurung ku urusan kaagamaan. Salajengna, luyu sareng kanyataanana, Kian Santang ngembarkeun bewara (deklarasi tea panginten) nu unina SUNDA WIWITAN ISLAM. Demi hartina, Urang Sunda (nu tadina nyepeng ageman Hindu atikan Prabu Siliwangi), ti harita ganti ageman jadi Islam. Tandaning nyobat sareng Ali, Kian Santang nampi “tanda mata” paparin Ali nu mangrupi “beulit cinggir, simpay rema” anu lajeng dingaranan sarua jeung ngaran anu merena nyaeta “ALI”. Tug dumugi ka kiwari diparake ku Urang Sunda, malah sumebar sa Nusantara. Dupi Ali meunang naon ti Kian Santang ?  Sim kuring teu nampi warti nu. Ngeunaan kecap Baduy, carek kuring mangrupa kecap nyoledat tina BADUWI, nyaeta sesebutan keur Urang Arab kiriman ku Sayidina Ali pikeun ngaping Prabu Siliwangi (nu ngahaja milih nyisi) geusan ngulik ajaran Islam. Ngahaja milih nyisi bari nyamuni teh nyaeta nyingkahan lampah ngaguru ka Kian Santang da nyaeta kapan Kian Santang teh putrana kuanjeun. Ari Sunda, kapan kacida mahingna milampah ngaguru ka anak, sabab Sunda cekel deleg kana papagon : “taktak mah moal kungsi ngaluhuran sirah”. Baduwi nu sarwa bodas, tempatna di pajeroan, pancenna ngawuruk elmu ka-Islam-an. Ari Prajurit nu sarwa hideung, tempatna di paluaran, pancenna jaga baya pikeun raja. Jadi Baduy mah itu, nu baju bodas ! Tapi hese katara, da nyaeta kapan ayana di pajeroan, ongkoh deui kahalangan ku anu baraju hideung di paluaran ! Pamugia kaparengkeun, Prof. DR. Wim van Zanten anu dicarioskeun ku kasepuhan Bapa Enoch Atmadibrata di judul “Baduy Ceuk Wim van Zanten” teh kawenehan maca sarta ngimeutan ieu komentar !  Muga-muga, muga-muga !


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke