Kang ngiringan masihan hadiah:
   
  US$10 + Saudi Real 40 + Sin$ 29
   
  Wilujeng taun anyar 1429 H, mugia urang sadaya dipasihan ridho, kasehatan, 
rejeki jeung kasempetan nyieun kahadean. Amin.
  
Salam
  Jalak Pakuan

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kitu pisan Kang Jalak, keur jangka panjangna, hasil pasangiri sugan 
bisa dijadikeun pikeun bahan diajar basa Sunda. Keur ngalatih maca jeung 
cumarita, kucara maca transkripsina bari ngadengekeun kumaha sorana. Kabita ku 
sumber diajar basa deungeun, contona basa Inggris jeung Cina, geuning mani 
sakitu ngaleuyana, bahan pikeun diajar eta basa, nu bisa diakses di Internet. 
Kucara kieu, asana ieu hiji tarekah ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda, 
ngarah bisa diakses ku balarea. 

salam,
mh

  On 1/8/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
    
  Brilian kang Hasan. Usul supaya aya 10-12an carpon mah, ke jadi kempelan 
carpon. Kapungkur sim kuring gaduh kumpulan carpon sastrawan klasik amerika nu 
dikasetkeun, resep pisan ngadanguna. Ieu mun aya carpon basa sunda  sip lah. 
Aya kitu kategori carpon keur barudak, sakali jalan yeuh supaya aya nu 
pangnyaritakeun carpon ka barudak. 
   
  Salam
  JP
 
  Makarya Mawa Raharja
    

  ----- Original Message ----
From: mh < [EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, January 8, 2008 12:20:21 AM 
Subject: [Urang Sunda] Urang Nyieun Pasanggiri Maca Carpon Basa Sunda Yu!

    Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun
pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!

Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea.

Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran. 
Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta
pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
tah. Sugan we dikeureuyeuh.

Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon 
milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file 
disimpenna.

Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.

Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya 
donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
hadiah.

salam,
mh








  
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.   






  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Reply via email to