Naha nya mun seserahan kitu bet kudu nyandak sosoangan sagala??? Aya sajarahna kitu, siga sajarah roti buaya ti betawi mun pas acara nikahan? asa panasaran, mun saupamina sosoangan digentos ku oontaan, aya nu protes moalnya? hehehe.....

baktos,
apri
ps. ngiringan ngawilujengkeun kanu atos sareng nu bade milangkala, kuehna di attachment keun weh :D.

----- Ursprüngliche Mail ----
Von: sr <[EMAIL PROTECTED]>
An: urangsunda@yahoogroups.com
Gesendet: Mittwoch, den 2. August 2006, 12:20:43 Uhr
Betreff: [Urang Sunda] Adeng Suradeng

Ieu mah ka ideuan ku dongengna apih Sidik, etang etang ngareuah reuah
milangkalana kang Rahmat sasih juli kalangkung oge milangkalana MJ 7 agustus
anu bade dongkap. Nambut tokohna ti epigramna MJ,
Adeng Suradeng tea.Mangga nyanggakeun Adeng Suradeng dina wanda keom
sakedap. Prung ah!.

Aleutan nu seserahan ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang
pinang. Rombongan panghareupna Adeng Suradeng, calon panganten tea, diapit
ku wadia baladna anu kenca katuhuna ngajaringjing koper. Leumpangna dangah,
lain dangah ngarah gagah bubuhan dipasieup ku stelan jas wang weng wong
tailor, tapi beuheungna asa ka eurad ku dasi lorengna anu nyangreudna nyekek
teuing. Rombongan kadua disambung ku para wanoja anu kenca katuhuna reuteum
naranggeuy bolu,pakean salengkepna tur dihias model sosoangan jeung
paparahuan, leumpangna diatur persis pasukan drum band waktu keur agustusan.