kang abdi bade ngiring
  nami:budiansyah
  padumukan: cikarang ,Bekasi
  i-mel:[EMAIL PROTECTED]
          [EMAIL PROTECTED]
  tlp-hape:085659575234
  jumlah nu bade sumping:1 urang dewasa
  kendaraan:umum
   
  hatur nuhun kang,punten tiasa nyuhungkeun no hape na teu??
  abdi sieun kasasar jadi gampang engkin nelepon wae mun kasasar 
  hatur nuhun

Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          

  Assalamu'alaikum wr.wb.,
   Kahatur : Sadaya wargi milis Urangsunda@yahoogroups.com
  Waktos HBH tinggal ngetang dinten ayeuna tos H-9, susu ganan ayeuna mah tos 
aya katangtosan bade ngiring atanapi heneuna, aya acara sanes atanapi henteuna 
tos katoong sugan, Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan kanggo 
baraya sadayana anu aya di milis KUSnet ieu teu aya anu di wilah-wilah estu 
sadayana anu ngaraos ngiringan ieu milis, 
  Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem ka 
para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet 2007, anu 
rencana bade diayakeun :
  Tempat : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor
  Waktos : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten Minggon ping 
28 Okt.'07 jam 12:00
  Acara : 
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota milis   - Ngaleler Pangajén 
ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
  - Ceramah Kasundaan
  - Pintonan Kasenian SUNDA
  - Bazaar KUSnet
  - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.anu diteraskeun enjingna ;
  - Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH
   
  Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep 
ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang 
Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun pisan 
kana kasumpinganana para saderek sadayana. 
  Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim 
kuring meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana, supados 
tiasa ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang utang-etang 
waragadna kanggo rengrengan panata calagara. 
  Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap ieu :
  -----------------------------------------------------------------
  FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
  27 ~ 28 Oktober 2007
  Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
  Nami :.....................................................
  Padumukan :................................................
  I-mél :....................................................
  No. telpon / Hapé :........................................
  Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
  Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
  -----------------------------------------------------------------
  teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka kang 
Ndoell : [EMAIL PROTECTED]
  Hatur rewu nuhun kana sagala perhatosan para wargi sadayana.
   
  wassalam,
  Panata Calagara HBH KUSnet 2007,
   
  -toni sofian-
  

                         

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke