Kuring mah panasaran, hayang nyaho teh lamun aya anu unggah balewatangan, atawa 
aya urusan jeung pulisi atawa jeung tangtara. Tong jeung jendral. jeung kopral 
weh.
  Tapi syaratna  kanu teu wawuh atawa lain dulurna.
  Mani hayang terang pisan

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Sigana dijaman kiwari aya oge anu kirang nagrtos kana perluna 
adaptasi sareng hirup saimbang tapi tetep bebas. Abdi mah hoyong terang da teu 
acan kaditu ka daerah jampang Kulon..ngan eureun palebah Palabuan ratu wae. 
Kumaha ari urang jampang Kulon nyarios sareng Lurah, Camat, Bupati na ? Naha 
leres nganggo basa anu diributkeun di Kusnet ? basa abdi balanja di palabuan 
ratu asa teu nguping anu kararitu ?

  On 2/15/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Ceuk kuring 
mah jelas gamblang jeung bener pisan pamadegan kang Tata kitu teh.
Tapi bisi aya nu mahiwal, teu kudu helok. Geus kitu ti loh mahfudna 
Keun we hukum alam nu bakal nangtukeun kumaha jadina engke.

Ari pikeun kuring mah, hirup di dunya teh asa teu miboga nanaon. Asa miboga 
kabebasan oge masih kauger ku pangaboga kabebasanna nu sejen.
Kecuali mun urang hirup di dunya teh ngan saukur diri urang sorangan.
Rek jungkir balik, ngomong nepi ka pegat urat genggerong oge moal aya nu 
nyisikudi.
Demi kebebasan mah diwenangkeun rek berbuat nanaon oge, tapi akibatna tanggung 
ku sorangan.
Misalna wae rek luncat ti bangunan lantai 20 , pek bae bebas, demi kabebasan 
boga kahayang lain ?. Kahayangna mah bisa ngapung., Tapi hukum alam berlakuna 
moal nurutkeun sakahayang urang .
Rek ngomong satakerna bari jleng luncat : "Ieu aing bisa ngapung, aing rek 
luncat ti na kapal udara teu make parasit. Tong aya nu ngahalangan kahayang 
aing. Aing bebas berbuat sakahayang aing . Awas lamun aya nu 
ngageunggeureuhkeun aing, ku aing dikadek" . Pek bae. Tapi tetap hukum alam mah 
berlaku teu berdasarkan ancaman, sakur nu luncat ti tempat nu luhur, pasti 
ragrag ka handap.

Mudah mudahan kang Tata ngarti kana maksud kuring. Kanu teu hayang ngarti mah, 
nya pek wae kuma dinya. Eta mah pilihan sorangan

Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Euleuh euleuh etah !
heuheuh kumaha nyaneh bae atuh 
ari teu ngarti hartina " basa gambaran rasa " mah atuh da moal dipaksa

ngan bisi teu jelas mah kieu bae

Mun urang boga rasa ambek, tah ngomong teh ku basa ambek
" ulah kieu contona " cing encep eta mani ngalunjak ka amang, engke ku amang 
din pasihan artos geura " jadi rasa ambek teh teu ka gambarkeun ku basa

Oge sabalikna, rasa hormat kadunungan, ka kolot, ka guru, ka saluheureun, ulah 
kubasa kieu

" Mama Ajengan, cing atuh silaing teh ari nerangkeun masalah rukun islam sing 
jelas, da aing mah teu ngarti "

Meureun ceuk mama ajengan teh , ari ujang waras henteu !

Jadi sakali deui, lamun aya nu ambek, anu keuheul, anu rek ngajak gelut, dina 
milis ieu, ceung kuring mah leuwih hade langsung bae JAPRI. atawa sebutkeun 
serelek na ditujukeun ka si anu kituh , jadi nu sejenna moal pipilueun.

Sakali deui ieu mah ceuk kuring, 

( Tong hilap :
Bahwa Kebebasan itu, harus berhenti bila telah mengganggu kebebasan orang lain "







  

                         

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke