pami hoyong ngaos seratan kang Syam nu sanesna mangga geura galeuh wae bukuna, 
Keom 1 sareng Keom 2, dijamin kuam keom sorangan.
kumaha cara ngagaleuhna? mangga kantun japri wae ka anjeuna, teras keupeulkeun 
wae ipekahna ngalangkungan BCA, antosan 2 atanapi 3 dinten bukuna langsung 
dialungkeun tah ku si Kang Syam nyalira. aya tanda tangan penulisna deui.

#kang Syam.....
omatnya buruh ngiklankeunana
kajeun lah teu ayeuna ge ke wae ku buku keom 3
hehehehe....

Nana Suwargana




________________________________
Dari: Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Rabu, 22 April, 2009 15:19:26
Topik: Re: [Urang Sunda] [4S]NYALEG#9





Wah tiasa pisan ngadongengna, bisa2 akang tos biasa nyerat di koran/majalah, 
abdi ngaos dugi ka tamatna. Wilujeng, nyerat deui nu sanesna

--- On Mon, 4/6/09, syam ridwan <pay...@yahoo. com.au> wrote:


From: syam ridwan <pay...@yahoo. com.au>
Subject: [Urang Sunda] [4S]NYALEG#9
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Monday, April 6, 2009, 9:49 PM


Back to Rebab
Poean nyontreng geus kaliwat, ti harita pamajikan jadi perhatian pisan ka 
kuring,satiap tingkah paripolah kuring sok ditalingakeun wae. Kawas basa kuring 
keur ngagigiwing tambang palastik, pamajikan langsung muru bari ngomong rawah 
riwih, pajarkeun geuwat istigpar tong luluasan kitu. Padahal ngagigiwing 
tambang soteh nek ngamandian sijalu, domba kuring geus aya sabulanna teu 
creambath creambath. Kitu deui basa kuring keur gugulantungan dina tangkal 
kalapa, pamajikan jejerewetan bari rawah riwih deui,kontan jalma anu aya 
didinya langsung ngagimbung, dua tilu urang aya nu haat ngamparkeun spring bed 
persis dihandapeun tangkal kalapa pisan, ditumpuk nepika tilu hambalan. Kabeh 
nu aya didinya nyarangka goreng, pajarkeun kuring jalma stres. Padahal nerekel 
kana tangkal kalapa soteh, nek ngala kalapa garing jang ngurab jantung cau.
 
Pikeun kuring, pamajikan boga kahariwang model kitu kaasup wajar lantaran 
dilembur sejen loba jalma nu tingkah polahna araneh gara gara gagal nyaleg. 
Heueuh dipikir pikir mah sok keuheul, ari keur kampanyeu loba pisan nu 
ngadukung teh, na ari hasilna celeketek teh jauh tisangkaan. Padahal bi icih 
salahsahiji fans kuring, samemeh nyontreng mani pok pisan, bakal satia milih 
ngaran jeung partey kuring, tapi dina emprona manehna sasadu pajarkeun geus 
dibulak dibalik eta keretas suara nu sagede alaihim teh, weleh nu ngarana Enjum 
ti partey rudet hate teu kapanggih didinya.
 
Sanasib jeung kuring, mitoha oge hasilna mencedel, padahal samemehna mitoha 
kungsi susumbar pasti meunang 70% suara, didaerah pamilihan Bojongkenyot, 
Kampung Cucungik, Ciburayot jeung Ciateul bujal, anu  diklem daerah lumbung 
suara manehna. "Bedus, eta gara gara Dewi Gigisik pipilueun nyaleg, jadi we 
suara dewek ngabelekbek! "Pokna, murang muring ka caleg sejen, anu suarana 
unggul lantaran manehna saurang artis."Mangkana jadi artis heula atuh ari 
hayang meunang mah!"Kuring ngengklokan. "Teuing ah dewek mah lieur 
ngabandunganana! " Jawab mitoha teu kapapanjangan.
 
Teuing geus beak sabaraha biaya anu geus dikaluarkeun ku mitoha pikeun 
ngabeayayaan nyaleg ieu, nu jelas ku elehna nyaleg manehna mehmehan asup ka 
riau sawelas. Untung kuring mah ngan ukur jangar wungkul, didagorkeun kana 
bujur randa ge kontan cageur. Keun dicokot hikmahna wae, pan gara gara eleh 
nyaleg, kuring jeung mitoha runtut raut deui kawas sasari. Heueuh da saenyana 
didunya pulitik mah euweuh musuh nu abadi, nu aya kapentingan abadi. Ucing 
jeung anjing ge sok ngadadak akur didunya pulitik mah, lamun dihareupeunana aya 
oray,anu dianggap musuh bersama.
 
Keun teu tulus jadi anggahaota DPR ge, meureun lain milikna, boa geus 
diguratkeun tidituna jadi tukang rebab forever. Ditumarimakeun bae, sanajan 
enya pakasaban tukang rebab teh ngan ukur koreh koreh cok, jauh mela melu 
kamahi, tapi moal leutik hate lantaran nu saenyana tukang rebab mah pangbagja 
bagjana sadunya lantaran lamun keur manggung  posisina sok pangdeukeutna ka 
bujur ronggeng. Tah nu matak tukang rebab mah rata-rata sok make kacamata 
hideung, lain sieun kapeureupeunan, tapi meh jongjong we nyidikeun bujur 
ronggeng. Leuh jadi buka kartu yeuh.[tamat] *syam ridwan* 

   


      Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih 
cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

Reply via email to