Aya-aya wae, tiasaan milari bodorna. Ceuk kuring mah bakal hese ngawujudkeunna. 
Da di Simpang mah kan aya pasar. Daek teu daek bakal aya tukang dagang. Bakal 
patojaiyah jeung pangabutuh masyarakat. Hebat lah mun tos janten mah, resep 
cigana. Tapi mun ti arah Gedung Sate ka Simpang wungkul mah masuk akal wae, da 
pasar mah peuntaseun-na. Nurutan di daerah Jawa mereun nya cigana, padahal mun 
teu salah mah wacana ngadamel jalur ieu teh tos aya kitu ti dalapan bulan 
kapengker. 
Mang Jamal masih kuliah di gajah diuk? Ning tara ningal, palih mana Labtekna?

 Wassalam
Abdul Qodir Jaelani




________________________________
Dari: TukangGiribig <tukang.giri...@yahoo.co.id>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Kam, 25 Maret, 2010 13:33:32
Judul: Re: [Urang Sunda] jalur sapedah di bdg (keom heula manawi)

  
SAPEDAH
 
“Jang naha teu ulin...? biasana sok sasapedahan apanan ieu 
poe minggu...”, ceuk mang suhayat ka budakna nu keur ngajentul di buruan... 
“puguh reksak apa sapedahna... jabi teu gaduh acis deuih” jang hardi 
nembalan...

“naha lain bebeja atuh ka bapa,,, ari maneh “

“emang 
apa bade masihan artos ?”

“lain pan euy..., ku dewek bisa diomean 
meureun...”

“naha apa tiasa kitu ?”

“naha ari nyaneh... 
sok ngareken bapa silaing belegug... , tong boro ngomean 
atuh... eeuuuuhhhhh. ...., mana sapedahna... ?”

“eh punten apa, 
apanan abdi di sakolaan kasohor belet... sugan teh turunan ti apa...”

“ah 
silaing mah... eta mah turunan timana horeng... sakieu dewek cerdasna euy..., 
cik mana sapedahna...”

Berebet jang hardi lumpat nyokot sapedah... nu 
ngajugrug dipipir,

“ieu pa..., sapedah teh rusak teu tiasa di boseh... 
ngeplos ..”

“cikan kumaha...?” ceuk mang suhayat bari muter-muter pedal 
sapedah...,  pokna “ oh enya jang siga diputer katukang nya ngeplos... ieu 
mah piriwilna jang beak...”

“beak pa ? saha nu ngadahar atuhnya... da 
piraku ku ema dibubuymah..”

“lain ... siah ieu teh ngarana haus euy... 
gigina rompal....”

“alah paingan atuh... ke pa sakedap....” ceuk jang 
hardi bari berebet lumpat ka  dapur...

“ieu pa...gelasna. .. ieu 
caina....”

“keur nanahaon sia teh hardi...?"

“enya keur eta 
piriwil... cenah haus nepi huntu beak sigana digegelan... .”

“ari silaing 
saduuut.... lain haus hayang nginum... waduh nyaan budak dewek juara 
belegugnamah. ..”

“terus kumaha atuh...,?”

“ieu kudu 
diganti....kudu meuli.... ke dagoan sakeudeung, dewek rek meuli heula piriwilna 
ka pa acu”

“nya pa ceuk uing ge sanes kedah diomean... kedah 
diartosan...”

“cicing.... ngajedog we sia ah...” ceuk mang suhayat bari 
terus ngaleos maksud rek meuli piriwil...

“jang balikeun 
sapedahna... !”

“nya moal ditampi atuh apa... sagedengeun tos 
lami teh apanan reksak...”

“maksud silaing ?"

“enya apa 
miwarang ngauihkeun ka tokona, sanes ?”

“lain ...kehed... balikeun, 
tangkarakeun. .. eeeuuuhhh... ieu mah yeuh...”

“oooohhhhh... .. manawi 
teh....”

***Sawatara waktu....***


“Tah euy geus beres... jang” 
ceuk mang suhayat bari muter muter pedal sapedah ka arah ban hareup nu 
sapedahna 
masih nangkarak... .

“asik apa nuhun.... nyaan apa pinter, artina uing mah 
nurun ti ema meureun nya belegugna...” ceuk jang hardi bari lumpat ngadorong 
sapedah....Teu kungsi lila jang hardi balik deui bari haruhah harehoh.... awak 
leutakan... jeung ban sapedah ringsek...

“apa....apaaaaaa. .... sapedah 
teh kedah nganggo sapion...”

“naha ?”

“tadi ku ujang ieu sapedah 
di boseh ka payun ngeplos.... tapi ka pengker henteu, jadi ban nateh majuna 
ka pengker jadi mundur... sae pisan pa, ngan teu aya sapionna... jadi ujang 
tabrakan jeung munding... dasar tah munding teu aya kalaksonan.. .”

“euh 
jadol euy... tibalik piriwilna jang euy... kadieu urang 
benerkeun... deui...,”

“tapi apa ban-na rusak....”

“gampang eta mah 
urang make ban sapedah maneh nu sapedaha mini we da sarua buleud..., 
tangkarakeun deui jang....”

“nyaan pinter apa euy...” ceuk jang hardi 
bari nangkarakeun sapedah....
***

“jang yeuh bener gera ayeuna mah... 
nam gera ulin....”

“asiiiikkkkkkkkk. ... apa uing pinter...” ceuk 
jang hardi bari langsung kalacat kana sapedah..... . nu terus di boseh 
satakerna... .Keooookkkk. ...keokkkk.... 
sora hayam kekeokan... golombrang.. . boroboootttt. .. beledag.... aduuuhhhhhh. 
... 
apaaaaaa.... . sora jang hardi ngagorowok.. ...

“kunaon 
hardiiiii... .?”

“apa ieu sapedah keur dina galengan nya..., pokona keur 
dina galengan apaaaaa.... ieu tarang buncunur....”

“naha ari 
maneh...”

“enya muih ban-na geus bener tapi pas di boseh pedalna nugteg 
kana taneuh da ban-na leutik, jadi ... ujang... ngajuralit kana kandang 
hayam...., jadi mun dina galengan moal... da pedalna hiji kasawah hiji ka 
gawir.... jadi moal nugteg....”

“kutan kitu 
....”
 


      Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang 
Lebih Cepat hari ini! http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke