Leres tah ... komunikasina teh kedah ku Basa Sunda .....
Bari jeung geuningan kadieukeuna mah sing bararujul ngalor ngidul ...... Kumaha 
atuh tah .....!?

Baheula basa miluan di ieu millis pedah sono kanu uucapan tur ngobrol make basa 
Sunda tea, da rumasa jarang dipake iwal ti lamun mudik, atawa mun ngobrol jeung 
pamajikkan lan adi di imah, hayang babasan anu bener, malahan mah pan lain 
sakali dua kali mun keur basa mimitian tulas tulis dina ieu milis osok aya wae 
anu pangmenerkeun teh ...... Tapi atuh naha nya kadieukeunna mah sapaningali 
teh asa teu janten deui perhatosan tina ihwal babasan ieu teh ......!?

Kumaha cingan atuh ieu teh Ki Kuncen .....!? Apanan parantos aya aturanana ... 
sanes ...!?

Parunten yeuh .... ti kamari-kamari hoyong sasadu ieu teh ........ mung nembe 
tiasa kedal ayeuna.

Hatur nuhun sateuacanna,

Baktos sim kuring
gl
-----------------------------
 
Dari: dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 21 November, 2007 5:28:28

mangga kang (leres?) elloy. sonten oge. ngiringan ieu milis? ntos atuh kang 
elloy mah. tos resmi jadi urang KUSnet (komunitas urang sunda di internet). eta 
geuning tos bisa ngintun postingan. sok lah mangga hajar bleh we di dieu mah. 
watesan ku nyalira da tos papada ageung ieuh hehe (halah miheulaan kuncen ieu 
mah, hampura ki). nu utamana mah urang ngadu renyomkeun ki sunda. naon wae 
bebas. ti bihari, kiwari tug pijagaeunna. hiji deui nu utama. kudu nganggo basa 
sunda. sakabeh sunda, asal sunda. 

dudi
bogor


On 11/21/07, elloy wijaya <elloywijaya@ yahoo.com. sg> wrote:
punten...
milujeng sonten
 
abdi bade naros ...
kumahanya ari ngiringan ieu milis




_,___ 



-- 
d-:
~karék cénah~ . 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke