hatur nuhun ...ka palawargi saderek sadaya di milis Urang Suda ieu...
kangtos...mijentrekeun pisan...hartos nu ditaros ku pribados...

baktos, 
ika




----- Pesan Asli ----
Dari: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Kamis, 2 Agustus, 2007 7:46:54
Topik: Re: [Urang Sunda] Tumaros (urgent)

Nambihan....

kauntun tipung, katambang béas: laksana nu dipimaksud (sanes kaintun)

diwangun ku
- untun tipung : laksa, kadaharan kawas bihun tapi leuwih badag (katuangan ti 
Bogor?)
- tambang beas: (sami sareng katrangan Kang Boim, pokona mah patali jeung 
katuangan anu tadina misah laleutik jadi ngahiji) 

tatali asih ngajadi: rasa cinta anu tadina ukur nganteng dina rasa hate, 
laksana kabeungkeut ku hukum (sanes katali asih)

ayang-ayang- gung ka balé nyungcung: nikah (sanes bala nyungcung )

diwangun ku
- ayang-ayang- gung : kakawihan barudak anu dikawihkeun bari paayang-ayang 
(pacekel2 leungeun)
- balé nyungcung : masigit/masjid (suhunan masigit mangsa bihari biasana 
nyungcung, henteu kubahan kawas kalolobaan kiwari)
- ka balé nyungcung: dikawinkeun (adat urang sok ijab kobul akad nikah di 
masigit)

dangdeung ka gapura ageung: .... (duka ah)
- gapura: lawang

ginulur karahayuan = ginanjar kawilujengan: dipaparin kasalametan, teu 
pinanggih jeung kasusah/bancang pakewuh 
- wilujeng = lemesna waluya: salamet

hurip ati waras gusti: sehat diri katut lingkunganana (?)
aya oge babasan nu unina hurip gusti waras abdi nu ngandung harti harepan 
kahirupan anu boh rahayat boh pamingpin aya dina kasugemaan

kasimbeuh manéh ku magfiroh Gusti Alloh: dipaparin pangampura ku Gusti Alloh

On 8/2/07, kang boim < [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
leres pisan tipung teu tiasa diuntun sareng beas teu tiasa janten tambang, tapi 
ieu kecap teh ngandung siloka pan tipung beas anu bisa diuntun jeung dijieun 
tambang teh "Kue Tambang " ngarana. 

ulah nyangka bisa medar sabab katalar
ngabér élé sotéh ladang mulak-malik kamus 
-- 
sikandar
kumincir.blogspot. com 



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke