Di lembur kuring kungsi aya "jalmi pinter", urang lembur nyarebutna 
teh "Ibu Anom". Asal-usul Ibu Anom henteu jelas. Tapi ceuk beja mah, 
baheula waktu kuring acan lahir, aya batur salembur nyanyandak istri nu 
parantos umuran ka pun Aki, nu kaleresan harita jadi lurah. Batur 
salembur teh ngumaha ka pun Aki, Supados istri anu nunggelis, sorangan 
teu puguh kulawargana, dipasihan tempat nyiruruk di lembur kuring. Nya 
kumargi hawatos, jeung kabeneran aya tanah kosong, dipangdamelkeun bumi 
panggung. Ieu istri teh, sok nyebat dirina "Ibu Anom", ngangkenna mah 
asal muasalna ti Cirebon, da logat "jawana" masih kuat. Tapi saurang 
oge henteu aya nu terang, di Cirebonna teh lebah mana.

Waktu kuring keur di SD (1965-1967), jadi geus leuwih ti 10 taunna Ibu 
Anom, netep di lembur kuring. Kuring oge teu ngarti mimitina, Ibu Anom 
teh jadi kasohor, "jalmi pinter" cenah. Kasohorna teh di urang luar, 
lain di urang lembur kuring. Seueur mobil plat "B" (Jakarta) anu 
nganjang ka Bu Anom, mobilna aralus, nu nunjukkeun jalmi-jalmi nu 
nganjang teh jalmi aya jeung gaduh pangaruh. Kadang-kadang mobil nu 
nganjang teh plat-beureum, mobil pamarentah. Nu harita kadenge ku 
kuring, cenah Ibu Anom teh tempat pamentaan, supaya naek jabatan, 
supaya usaha maju jrrd. Tapi urang lembur mah saurang oge henteu aya nu 
sok "barang-penta" ka Ibu Anom, ngan ukur cruk-crek helok ka Ibu Anom, 
geuning anjeunna lain "jalmi Samanea".

Inget we boga bababaturan, Si Samu nu imahna deukeut jeung Imah Ibu 
Anom. Hiji waktu hariweuweus ka kuring, nyarita asa pangnyahona:" Nyaho 
henteu euy saha ari Ibu Anom teh?"
"Teuing, uing mah teu nyaho"
"Ceuk bapa, Ibu Anom teh nu ngangais Bung Karno keur leutik!"

Kuring teh ngahuleng ngadenge omongan si Samu, geus kolot pisan atuh 
Ibu Anom teh, da ceuk Aki, Bung Karno teh lahir di taun 1901 sarua 
jeung Aki. Padahal Aki oge geus sepuh, Komo deui Ibu Anom, duka yuswana 
geus sabaraha ....

Sanajan Ibu Anom pada ngadeudeug, tapi jalmina tetep we kitu, teu aya 
robahna. Bumina tetep panggung, meunang nyieun rereongan urang lembur. 
Di taun 1975 kuring ninggalkeun lembur, sakola ka Bandung. Jadi teu 
terang deui perkawis Ibu Anom. Aya eta oge beja, cenah mah Ibu Anom teh 
ngantunkeun, duka diakhir 1970'an, duka di awal 1980'an. Dikurebkeun di 
lembur kuring.

Kira-kira di akhir 1980an, kuring oge geus kawin jeung cicing di 
Bandung, aya kawawuhan nyampeurkeun ka imah, manehna agul tas ti lembur 
kuring. Kuring teh kaget, na aya naon manehna ka lembur kuring, 
sisinarieun.

Ceuk manehna teh: "Ngahaja kaditu, jarah ka makam Ibu Anom........."

Baktos,
WALUYA



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Duh pinter pisan abah MK teh, maksadna pinter neangan kasempetan kanu
> kararosong jiwana. watir...abdi mah.....
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to