To: urangsu...@yahoogroups.comfrom: nsuma...@arutmin.comdate: Sat, 13 Dec 2008 
11:53:14 +0700Subject: [Urang Sunda] Kabelejog



http://rakaraspati.blogspot.com/http://raspati.wordpress.com/Panonpoe geus 
lingsir ngulon. Kalangkang jelema panjangna geus meh saruajeung jangkungna 
jelema. Di hiji pasar anu katelah pasar klandasan,dihareupeun salah sahiji toko 
kolontong katingali aya hiji lalaki keurmemeres daganganana. Tina warna kulit 
na nu rada hideung jeung buuknanu galing oge ditambah ku logat ngomongna, bisa 
kanyahoan yen ieulalaki tengah tuwu teh lain urang balikpapan asli tapi urang 
butun nububuara di balikpapan. Kaitung loba urang butun nu bubuara 
dibalikpapan. Teu heran lantaran pulo sulawesi jeung balikpapan ngan dipisah ku 
selat anu bisa di peuntasan ku parahu leutik. Komo ayeuna ayakapal feri cepat 
ti sulawesi ka balikpapan. Lolobana urang butun anububuara ka balikpapan asalna 
patani. Sanggeus bubuara, loba nu jadikuli kasar, mun nu awewena loba nu jadi 
tukang nyeuseuh atawa pembanturumah tangga. Tapi loba oge nu dagang, malah aya 
sababaraha tempat nudipake dagang ku urang butun dina wanci kasorenakeun anu 
sering disebutpasar butun. Ieu pasar ayana ngan wanci sore, biasana nu dijual 
hasiltatanen sarupaning sayuran jeung bungbuahan. Balik deui ka lalaki nukeur 
mereskeun daganganana, manehna nutupan barang daganganana nyaetagedang ku 
terpal warna bulao. Sanggeus rengse nutupan gedang, manehnagura giru meuntas 
jalan raya nuju ka Masjid At Taqwa anu keurdirenovasi.Di buruan masjid, 
katingali aya si mamang keur jualan siomay alias basotahu. Dina dorongan tempat 
siomay aya tulisan ngajeblag G A R S E L A.Moal salah, si mamang teh urang 
garut selatan nu keur bubuara dibalikpapan ngahaja nyiar rejeki pikeun 
kirimaneun ka kulawargana anukeur nungguan di lembur. Salian ti sababaraha 
tukang siomay nu dinadoronganana ditulisan GARSELA aya oge urang sunda nu 
bubuara dibalikpapan ngadon dagang kadaharan, nyaeta tukang robak alias 
RotiBakar. Dina doronganana biasana ditulis Roti Bakar Khas Bandung. Tapimun 
pas nanya kanu dagang, "Dupi akang di bandung na dimana Kang?".Jawabna "Abdi 
mah di bandung na di Majalengka". Kakara apal geuninganMajalengka teh kaasup 
wewengkon kota bandung he he he..:-) Balik deuika si mamang, sanggeus ngider 
kaditu kadieu, biasana mun pareng mangsaashar sok ngahaja dagang teh ka Mesjid. 
Katingali mun adzan geusdihaleuangkeun buru-buru wudhu. Atuh mun geus rengse 
sholat jamaahlangsung ngider deui.Nincak mangsa ashar, Muadzin matuh masjid At 
Taqwa ngajomantarakeunadzan kanu sapeker. Sorana nu tarik aweuhan ka 
sabudeureun masjid.Silih tembalan jeung adzan ti masjid lianna.Di hiji rohangan 
anu panggedena di lantai pangluhurna salah sahijigedong perkantoran anu aya di 
sagigireun masjid At Taqwa, Pak Edi keursibuk nganggeuskeun pagaweanana. 
Sanggeus lulus ti salah sahiji paguronluhur nu kawentar di bandung sarta 
meunang gelar insinyur, terus digawesalila lima welas taun di perusahaan nu 
asalna milik asing, ayeuna PakEdi meunang kalungguhan menejer. Meunang gajih 
meh nepi ka angka tilupuluh juta. Ka kantor make mobil buatan eropa meunang 
meuli ku duittunjangan trasport jatah ti perusahaan. Mingkin luhur 
kalungguhanmingkin loba pagawean anu kudu diurus, sanajan ngan saukur 
jadikoordinator. Purah tutah titah ka anak buahna pikeun ngarengsekeunpagawean 
manehna. Sora Adzan ti masjid At Taqwa kadenge jelas ku PakEdi. Tapi teu jadi 
soal, teu ngajadikeun eureun ngagawean hancapagaweanana. Komo ieu, pagaweanana 
keur ditungguan ku bosna nu dijakarta. Ashar ? Biasana jam lima kakara 
ngalaksanakeun ashar sanggeushanca pagawean rengse. Naha urang butun nu ngan 
dagang gedang jeung si mamang nu ngan saukurdagang siomay leuwih sumanget dina 
ibadah tibatan menejer nu gajinaampir tilu puluh juta ? Naha lain kuduna nu 
leuwih loba hartana nuleuwih soson-soson dina ibadah ?SAESTUNA JANJI ALLOH 
BENER, KU KITUNA ULAH SAKALI-KALI MARANEH KABELEJOGKU KAHIRUPAN DUNYA JEUNG 
ULAH KABELEJOG KU TUKANG TIPU (SYETAN) DINA(TAAT) KA ALLOH [QS LUQMAN 33] Urang 
sarerea kudu ati-ati tina fitnah dunya jeung ulah sakali-kaligumantung kana 
kahirupan dunya. Lain artina teu meunang dahar jeungnginum, teu meunang usaha 
nyiar harta, tapi maksudna ulah sakali-kalihate urang gumantung kana harta. 
Urang teu meunang titeuleum kanakahirupan dunya bari ngalalaworakeun ibadah ka 
Alloh.Ti Abu Sa'id Al Khudri rodiallohu 'anhu, anjeuna 
nyarita,"Rosulullohsholallohu 'alaihi wassalam khutbah dihareupeun jalma-jalma, 
terusngadawuh,"Demi Alloh, Euweuh naon-naon anu ku kaula paling 
dipikasieunbakal tumiba ka maraneh, Hei Manusa, iwal ti naon-naon nu ku 
Allohdikaluarkeun ka maraneh tina perhiasan dunya (Muttafaq alaih, HR IbnuMajah 
No 4066)Rosululloh sholallohu 'alaihi wassalam ngadawuh :"Saestuna Demi 
Alloh,lain kamiskinan nu kukaula dipikasieun tumiba ka diri maraneh, tapi nuku 
kaula dipikasieun ka diri maraneh nyaeta di amparkeuna legana dunyaka diri 
maraneh sakumaha diamparkeunana ka jalma-jalma saacan maraneh,nu ngabalukarkeun 
maraneh silih paheula-heula meunangkeunana, sakumahamaranehna (jalma-jalma 
saacan maraneh) paheula-heula silih parebut. Nepika ngabinasakeun maraneh, 
sakumaha legana dunya geus ngabinasakeunmaranehna (diriwayatkeun ti Amru bin 
Auf, Muttafaq alaih, HR Ibnu majahNo 4068) Urang kudu ngeunteung ka tukang 
gedang. Nu sanajan hirupna masakat tapitetep taat. Urang kudu guguru ka tukang 
baso tahu. Nu sanajan hiruppinuh ku kasusah tapi tetep bisa istiqomah.ALLOHUMMA 
INNI AS ALUKA 'ILMAN NAFIA' WA RIZQON THOYYIBA WA 'AMALANMUTAQOBBALAYA ALLOH 
SAESTUNA SIMABDI NYUHUNKEUN ELMU NU MANFAAT, JEUNG RIZKI ANUHADE, JEUNG AMAL NU 
DITARIMA(HISHNUL MUSLIM)Mudah-mudahan urang sadayana dipaparinan rizki anu 
manfaat. Rizki nungajadikeun urang leuwih soson-soson dina ibadah. Rizki nu 
ngajadikeunurang langkung iman tur taqwa. Rizki nu teu ngabalukarkeun 
urangtiteuleum di dunya. Amiinn...Disclaimer - This message including any 
attachments and information containedherein ("Message" ) may contain privileged 
information or otherwise is protectedfrom disclosure. Any unauthorized use of 
this Message by any person may lead tolegal consequences. If you receive this 
Message in error, or if the recipientof this Message is not the intended 
recipient or the employee or agent authorizedfor delivering this Message to the 
intended recipient you are hereby notified thatany disclosure, dissemination, 
distribution or copying of this Message or let orcause this Message to be 
disclosed,disseminated, distributed, or copied is strictlyprohibited, and 
please notify the sender by return message and immediately deletethis Message 
from your system. Incoming and outgoing communications using thiselectronic 
mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by applicablelaw and 
regulations. Unless it is made by the authorized person,any views expressedin 
this Message are those of the individual sender and may not necessarily 
reflectthe views of PT Arutmin Indonesia. 





_________________________________________________________________
Discover the new Windows Vista
http://search.msn.com/results.aspx?q=windows+vista&mkt=en-US&form=QBRE

Kirim email ke