Kang Rahman, hatur nuhun...salam baktos ka kaluargi....

-----Original Message-----
From: durahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, March 24, 2005 4:29 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Surat Yaasin terjemahan basa sunda


Kahatur kanggo Kang Hasan. Ieu sim kuring parantos rengse ngetik tarjamah
surat yaasin bahasa sunda. File aslina nangkod di imel.

Wasalam,
durachman
---
Surat Yaasin (1-83)
Diketik ulang ku Durachman
(terjemahan ti Al-Amin--AL-QURAN Tarjamah Sunda nu diterbitkeun ku CV.
Diponegoro, Bandung)

Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih

1. Ya, sin.
2. Demi Quran nu wijaksana!
3. Saestuna enya-enya maneh teh (Muhammad) ti antara utusan;
4. Dina jalan nu lempeng:
5. Anu diturunkeun ku Nu Maha Gagah, Nu Maha Asih;
6. Pikeun maneh ngawawadian kaom anu karuhuna henteu diwawadian, tuluy
maranehna talingeuh.
7. Saestuna geus sawadina putusan (siksaan) ka kalobaanana maranehna alatan
maranehna henteu ariman.
8. Saestuna Kami nerapkeun bangkol-bangkol dina beuheung maranehna, nepi
kana gadona, tuluy maranehna narenggak.
9. Jeung Kami ngayakeun lalangse di hareupeun jeung di tukangen maranehna,
tuluy ku Kami dilalangsean panenjona, nepi ka maranehna henteu barisaen
nenjo.
10. Jeung sarua bae pikeun maranehna mah, boh ku maneh diwawadian boh ku
maneh henteu diwawadian oge, maranehna tetep moal ariman
11. Saestuna maneh  ngan (perlu) ngawawadian ka jalma-jalma anu nurut kana
penggeuing jeung anu sieun ka Pangeran Nu Maha Murah dina perkara goib. Ku
kituna geura bubungah manehna teh ku Pangampura jeung ganjaran anu mulya.
12. Saestuna Kami ngahirupkeun jalma-jalma anu paraeh, jeung Kami nulis
saniskara anu dilampahkeun ku maranehna, jeung nulis tapak-lacak maranehna,
jeung sagala perkara teh ku Kami geus dicetak dina iman nu tetela (Lauhil
Mahfuzh).
13. Jeung pek geura nyieun misil pikeun maranehna, (nyaeta) pangeusi nagri
baheula nalika ka maranehna datang para utusan.
14. (Nyaeta) nalika Kami ngirimkeun ka maranehna dua (utusan) tuluy
maranehna ngabohongkeun ka eta anu duaan tea, tuluy Kami nguatkeun ku nu
katilu, sarta pok maranehna nyarita: "Saestuna kaula sarerea teh ditutus ka
arandika."
15. Maranehna, ngajawab: "Arandika teh taya lain manusa biasa cara kaula
sarerea, jeung Pangeran Nu Maha Murah hentue nurunkeun naon-naon. Arandika
teh taya lian ngan ngabohong wungkul."
16. Maranehna (para utusan)nyarita: "Pangeran kaula sarerea uningaen yen
saestuna kaula sarerea teh diutus ka arandika;
17. Jeung taya deui (kawajiban) kaula sarerea mah salian ti mangnepikeun anu
tetela."
18. Maranehna ngajawab: "Saestuna kaula sarerea ngarasa sial ku arandika
teh. Upama arandika henteu areureun, tanwande ku kalua sarerea arandika teh
dirajam, jeung bakal tumiba ka arandika siksaan nu peurih ti kaula sarerea."
19. Maranehna (para utusan) nyarita deui: "Sial arandika teh perbawa
arandika! Naha pedah arandika ku kaula sarerea digeuingkeun? Malah arandika
kaom anu ngaliwatan wates-wangen teh."
20. Jeung jol wae aya anu datang ti tepis-wiring hiji jalma anu rurusuhan:
"Yeuh kaum kaula! Geura narurut ka eta para utusan;
21. Geura narurut ka aranjeuna anu henteu menta upah ti arandika, jeung
aranjeuna teh jalma-jalma anu mareunang pituduh.
22. Jeung naha kaula bet hentu ibadah ka pangeran anu ngayugakeun kaula?
Padahal nya ka Anjeuna arandika bakal dipulangkeung.
23. Naha kaula pantes mangeran ka pangeran-pangeran anu salian ti Anjen,
upama Nu Maha Murah ngersakeun nibakeun balai ka kaula, pasti sapaat
maranehna teh moal bisa mondah balai ka kaula saeutik oge, jeung maranehna
moal bisa ngabebaskeun kaula?
24. Saestuna kaula, upama kitu mah, lumampah dina kasasaran anu tetela.
25. Saestuna kaula geus iman ka Pangeran arandika ku kituna darangukeun!"
26. Didawuhkeun: "Bus geura abus ka sawarga!" Maranehna ngagerentes : "Tada
teuing hadena upama kaum kaula nyarahoeun;
27. Yen pangeran kaula geus maparin pangampura ka kaula jeung geus ngangkat
kaula jadi jalma ti antara nu dimulyakeun!"
28. Jeung kami henteu nurunkeun balatentara ti langit ka kaomna sabada
manehna, jeung samasakali Kami hentu nurunkeun.
29. Taya lian (eta siksaan teh) anging sora jumerit sakali, sarta sapada
harita marenehna pareureum (binasa).
30. Beu, nalangasa teuing abdi-abdi (nu ngagehgeuykeun Rasul). Henteu datang
ka maranehna hiji Rasul, anging anu ku maranehna biasa digareuhgeuykeun.
31. Naha marenehna henteu naritenan yen kacida lobana umat-umat anu
saheulaeunana anu ku kami geus dibinasakeun? Saestuna maranehna hentue
baralik deui ka maranehna (ka dunya).
32. Jeun taya lian sakumna oge bakal dijagragkeu ka Kami
33. Jeun hiji tanda (ayat ) pikeun maraneh teh tanah cengkar. Kami
nyuburkeun eta tanah sarta kami ngaluarkeun ti dinya sisikian, nya maranehna
dalahar eta sisikian.
34. Jeun Kami nuwuhkeun di dinya sababaraha kebon korma jeung anggur, jeung
didinya kami ngocorkeun sungapan cai.
35. Sangkan maranehna ngadahar tina bubuahanana jeung tina saniskara anu
dipigawe ku leungeun marenehna sorangan: Naha maranehna bet hentu maruji
sukur?
36. Maha suci Pangeran anu geus ngayugakeun sagala perkara sajodo-sajodo,
boh tina saniskara anu dituwuhkeun ti bumi, boh ti diri maranehna sorangan
jeung tina saniskara anu ku maranehna henteu dipikanyaho.
37. Jeung hiji ayat (tanda) pikeun marenehna teh peuting. Kami ngudar tina
eta peuting teh (cahaya) beurang. Atuh reup wae maranehna paroekeun.
38. Jeung srangenge muter dina tempat anu pinasti eukeurna. Eta teh papasten
Nu Maha Gagah, Nu Maha Uninga.
39. Jeung bulan ku Kami geus dipastikeun tempat-tempatna sababaraha darajat,
nepi ka balik deui kawas bunderan langgari nu kolot.
40. Teu sawadina srangenge nyusul bulan, jeung teu sawadina peuting
miheulaan beurang, karana sagala rupa oge lumampah dina tempatna.
41. Jeung hiji ayat pikeun maranehna teh nyaeta: Kami geus ngamuatkeun
anak-incuna dina parahu anu pajejel.
42. Jeung Kami geus ngajadikeun pikeun maranehna anu sarupaning eta, anu ku
maranehna bisa ditarumpakan.
43. Padahal upama Kami ngersakeun, tanwande Kami ngaremkeun marenehna sarta
moal aya anu nulungan ka marenehna turta maranehna moal bisa disalametkeun:
44. Kajaba ku rahmat jeung kasenangan ti Kami nepi ka hiji mansa.
45. Jueng upama dicaritekeun ka maranehna: "Masing ati-ati kana saniskara
anu keur dilimpah ku maraneh (di dunya) jeung anu bakal kasorang ku maraneh
(di aherat) supaya maranehteh dipaparin rahman."
46. Jueng hanteu datang ka maranehna saayat oge tina ayat-ayat Pangeranana,
angin maranehna ngabalieur ti dinya.
47. Jeung upama diomongkeun ka maranehna: "Geura dermakeun sabagain tina
saniskara anu ku Allah geus dikurniakeun ka arandika?" Pok jalma-jalama anu
kalupur teh nyarita ka jalma-jalma anu ariman:"Naha kaula sarerea teh kudu
maraban jalma anu upama Allah ngersakeun tandwande Anjeuna maparin dahareun
ka manehna?" Saestuna manehna teh aya dina kasasaran anu tetela.
48. Jeung maranehna nyarita:"Iraha atuh tumibana jangji (siksaan) teh upama
enya mah arandika jalam-jalma balener?"
49. Maranehna henteu ngadago-ngadago naon-naon salian ti sora jumerit sakali
anu tumiba ka maranehna saot maranehna pacogregan.
50. Nepi ka maranehna hentue bisa marere wasiat heula jeung hentu bisa
marulang heula ka kulawargana.
51. Jeung tangtu sangkakala bakal ditiup, atuh burudul maranehna barijil ti
kubur paheula-heula ngadeuheus ka Pangeranana.
52. Bari maranehna nyarita:"Duh, cilaka kaula sarerea! Naha saha atuh anu
ngahudangkeun kaula sarerea tina pasarean teh? Nya ieu anu dijangjikeun ku
Nu Maha Murah teh. Jeung bener para rasul teh!"
53. Taya deui salian ti ku sagorowok, sapapada harita burudul maranehna
sarerea dijagragkeun payuneun Kami.
54. Nya dina poe eta mah henteu aya hiji jalma anu dirugikeun saeutik oge,
sarta  manehna moal dibales salian ti saniskara anu ku manehna geus
dilampahkeun.
55. Saestuna ahli sawarga dina poe eta teh jarongjon saruka bungah.
56. Maranehna katut jodo-jodona dariuk nyarande handapeun anu ariuh dina
dipan-dipan.
57. Pikeun maranehna, didinya teh aya bubuahan, sarta nya pikeun maranehna
saniskara anu ku maranehna dipicangcam.
58. "Salamaet!" Pidawuh ti Pangeran Nu Maha Asih.
59. Jeung (didawuhkeun): "Geura marisah maraneh ayeuna, yeuh jalma-jalma anu
darosa!
60. Naha lain Kami geus maparin pangwadi ka maraneh, yeuh anak-incu Adam,
suapaya maraneh henteu aribadah ka setan? Saestuna setan teh musuh anu
tetela pikeun maraneh.
61. Jeung sangkan maraneh ariabdah ka Kami, sabab nya ieu jalan anu lempeng
mah.
62. Jeung saestuna setan teh geus nyasarkeun kalolobaanana jalma ti antara
maraneh. Ku kituna, naha geuning maraneh henteu ngagunakeun akal?
63. Nya ieu Jahanam anu dijangjikeun pikeun maraneh teh!
64. Pek geura rasakeun panasna ayeuna, alatan maraneh geus kalupur!"
65. Dina poe ieu, Kami matri (ngabekem) sungut maranehna, sarta leungen
maranehna nyarita ka Kami, jeung suku maranehna nyaraksian saniskara anu ku
maranehna geus diusahakeun.
66. Jeung upama kami ngersakeun, tanwande kami ngaleungitkeun panenjo
maranehna, ti dinya maranehna bakal paheula-heula neangan jalan, tapi kumaha
maranehna rek bisa narenjo?
67. Jeung upama Kami ngersakeun, tanwande Kami ngarobah adeganana di
tempat-tempatna, nepi ka maranehna henteu barisaeun maju boh mundur.
68. Jeung saha-saha anu ku Kami dipanjangkeun umurna, tanwande maranehna ku
Kami dibalikeun ka sasal (pikun cara budak), tapi na maranehna hentu
ngagarunakeun akal?
69. Jeun Kami henteu ngawulangkeun sair ka manehna (Muhammad) jeung henteu
sawadina pikeun manehna. Eta (ayat-ayat Quran) mah taya lian iwal ti
pangwawadi jeung bacaan anu tetela.
70. Supaya manehna (Muhammad) ngawawadian ka nu hirup, jeung supaya merenah
siksaan ka jalma-jalma kapir.
71. Jeung naha maranehna henteu nitenan yen Kami geus ngayugakeun ku
kakawasaan Kami pikeun maranehna sato ingon-ingon anu tuluy ku maranehna
dipibanda?
72. Jeung kami geus ngalilindeuk eta ingon-ingon pikeun maranehna. Nya atuh
sawareh pikeun tutumpakan, jeung sawareh deui ti antarana pikeun
dahareunana.
73. Jeung tina eta ingon-ingon teh maranehna meunang rupa-rupa mangpaat
jeung sumber inumeun. Tapi naha maraneh bet hentu muji syukur?
74. Jeun maranehna ngajadikeun sababaraha pangeran anu salian ti Allah
ngarah maranehna ditulungan.
75. Maranehna (berhala) teh teu daya teu upaya pikeun nulungan maranehna,
(malah) maranehna sorangan jadi balatentara anu kudu dijagragkeun pikeun
(ngajaga) maranehna (berhala-berhala tea).
76. Ku kituna poma ulah pisan maneh nalangsa ku omongan maranehna. Saestuna
kami uninga kana saniskara anu ku maranehna dirahasiakeun jeung kana
saniskara anu ku maranehna ditembrakkeun.
77. Jeung naha manusa teh henteu malikiran yen Kami ngayugakeunana teh tina
nutfah (mani). Tapi ujug-ujug maranehna jadi tukang maseaan anu tetela.
78. Jeung manehna ngamisilkeun kami (saperti manusa), sarta manehna lat wae
pho kana asal kajadianana, sarta pokna: "Saha anu bisa ngahirupkeun
tulang-taleng, padahal eta tulang-taleng teus pasiksak?"
79. Pok caritekeun: "Nu baris ngahirupkeunana nya Pangeran nu ngayugakeunana
nu mimiti, jeung Anjeuna uninga kana sagala kajadianana saban mahluk.
80. Anu ngajadikeun seuneu pikeun arandika tina tangkal nu hejo, nya ti
dinya arandika bisa mirun seuneu.
81. Jeung naha lain Anjeuna anu geus ngayugakeun langit katut bumi teh
kawasa ngadamel anu sarupa kitu? Pasti, karana Anjeuna Nu Maha Kawasa
Ngayugakeun, Nu Maha Uninga.
82. Saenyana taya lian pidawuh-Na upama Anjeuna ngersakeun hiji perkara teh,
Anjeuna ngan ukur ngadawuh: "Jadi!" Jleg weh jadi
83. Nya Maha Suci Anjeuna, dina panangan Anjeuna pangawasa sagala-galana;
jeung nya ka anjeuna maneh bakal dipulangkeun.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke