Enya puguh ge kitu Kang Tirta,....ari harti wangsit ceuk KUBS mah nyaeta pituduh atawa nasehat, ngan asana lamun nguping kecap wangsit asa leuwih monteng kana hal-hal anu isoteris, ngaharib harib kana harewos gaib.
Lamun geus kitu sok hese diongget-onggetna, carana ngabuka ge kudu ngaliwatan "jalan" anu sarua, palebah dieu susahna.
Sabab dihenteu henteu ge US teh tetep mamawa keneh jati diri jaman bihari anu kungsi ngancik, sakapeung ruang jeung waktu teh lain ngan anu karasa jeung nu kaciri wungkul (profan) tapi anggapan aya deui waktu nu diluar waktu profan.
Ceuk kosmologi Sunda baheula aya nu disebut : 1.Buana Nyungcung tempatna para hyang jeung para dewa, 2.Buana Pancatengah nya tempat manusa hirup ngagulang gaper kadunyaan, 3. Buana Rarang tempat sanggeus maot tempat sanggeus ngababatang.
Wangsit tadi ge disebut ngaharib harib kana harewos gaib, nya meureun eta teh beja ti alam Buana Nyungcung nu nepi ka Buana Pancatengah, tangtu nepina teu ka unggal jalma, ngan ukur nepi ka anu disebut medium.
Ceuk beja ti kolot baheula juru pantun teh kalolobaanana lolong, lamun teu lolong oge lamun keur ngaguar pantun panona sok ditutupan ku iket jeung sok bari peureum, sabab juru pantun teh dianggap medium nu bisa ngahubungkeun antara buana nyungcung jeung buana pancatengah ( kukaayaanana nu lolong dianggap beda jeung jalma liana, bandingkeun jeung masyarakat Kajang di Sulawesi, nu jadi medium biasana banci).
Carita pantun ( sapertos nu aya di pa Anis) ku sabagean masyarakat dianggap carita sakral, geuning juru pantun ge memeh breng mantun teh sok amit amit heula nu disebat rajah pamunah atuh dina panutup sok disebat rajah pamungkas.
 
Jadi sim kuring nampi lamun Pa Anis nyebatkeun moal tiasa di fotokopi.
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, January 17, 2005 4:12 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Wangsit Re: [Urang Sunda] Abah ANIS=>Kanggo UA SAS, kang Jun sareng kang Tirta

Waalaiukum salam wr.wb.
 
Hatur nuhun Kang Ikmal. Ari mawa kahayang mah asa hayang jleg we panggih jeung AA, tapi raga can wasa ngalengkah ka padumukanana. Ngan aya hiji nu can jelas keur sim kuring nyaeta masalah "wangsit" sacara umum. Hayang terang naon nu dimaksud "wangsit" dina kabudayan US. Aya baraya nu uninga nu ngarana "wangsit"?
 
salam
Jalak Pakuan

Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Baraya....
punten abdi teu tiasa nepangan langsung ka Abah Anis (AA) dugi ka danget
iyeu, mung abdi nyuhunkeun tulung ka sobat dalit abdi sangkan nepangan
AA, da sadayana anu di suhunkeun ku Ua Sas, kang Asep Junaedi, diprint
sareng disanggakeun ka anjeun na.  mung sadayana anu di suhunkeun/
ditaroskeun teh teu tiasa d


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to