Sapuk kang, turunan Mpu di tatar sunda saprak Bubat parindah ka Tuban. Nu di 
tatar sunda lila-lila lumpat kana bedog. Ayeuna bedog geus teu usum da di 
Jakarta mah lumpat ka Ace Hardware, M10 nu ngajual bedog jeung pakarang2 merk 
Krisbow jeung barang impor sejena. 
   
  Mun rek neang keris nya lumpatna ka Madura (desa Aeng Tong Tong). Urang sunda 
mah geus poho ka panday, komo empu mah. Tah ayeuna urang wetan ge geus cemas da 
keris oge nu nyieun nepi ka "bakalan" mah urang madura.
   
  Matak....pek nyarekel kujang jeung keris sunda!
   
  JP

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Hehehe, ah henteu Kang. Kamari teh tas ulin ka Simalungun, danau 
Toba. Eta kataji ku ulos Batak. Kulantaran ulos dijadikeun bagian tradisi 
maranehna, nya nepi ka ayeuna pengrajin ulos masih keneh hirup. Malah di 
pamondokan disadiakeun demo ninun ulos. Jadi tetela keur miara tradisi teh, 
geuning kudu bisa dikpakaitkeun jeung ekonomi, karek bisa langgeng. Bandingkeun 
jeung nasib tinun Majalaya, kumaha geuning kaayaanana. Tah perkara kujang ge 
jigana dina raraga ieu, saha nu apal upama tiap lalaki urang Sunda baroga 
kujang, jiga kabiasaan urang Bugis mibanda badik, meureun panday bisa hirup, 
jadi industri masayarakat. Sugan, hehehe. (mh)

  On 2/1/08, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Sinarieun Mh 
resep kana Kujang? lain mitos jeung ngalieukan ka tukang 
eta teh Mh? hehehe.

manAR
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> miluan kang euy pesen, hehehe. tapi nu alus nya, tong nu dikadekeun 
kalah
> miley. (mh)
> 
> On 1/31/08, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > kuring apal ka jalma nu sok nyieunan kujang... sok geura 
kumpulkeun
> > sabaraha urangna. jeung jieun disain... boh bentuk boh pamor. 
keun lah nego
> > harga ka nu nyieunna mah urusan uing... kade ulah ngan sapuluh 
duapuluh...
> > kagok, komo rek nyiri jeung nu boga badik atawa nyarok jeung nu 
boga clurit
> > mah... moal metu ku barang sakitu... minimal ngaratus meureun meh 
nguntup
> > mah......
> >
> > :))
> >
> >
> > On Jan 31, 2008 12:47 PM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > > Kumaha mun pesen rame-rame kujang. Sukarela tapi maksa nu 
aktif di
> > > kusnet meuli jeung nyarekel kujang.
> > > - Saha nu apal kamana pesena;
> > > - Sabaraha hargana (nu ekonomis pan ieu mah massal)
> > > - Disaina kumaha (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang 
sunda abad
> > > 21)
> > >
> > > Cag ah
> > >
> > > Makarya Mawa Raharja
> > > _,___
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > d-:
> > ~karék cénah~
> >
> > 
> >
>








  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke