Ngiringan kang MG, MJ, baraya:

Masalah US nu kabeulit ku mitos budaya ngahuma ceuk sim kuring mah jadi hiji 
poin. Poin nu laina nyaeta kahirupan & budaya US nu di basisir. Asana poin 
kadua kirang pisan diguar. Masalah ngaladang/ngahuma mirip/diasosiasikeun ku 
pola urang wetan nu narik pamarentahan ti basisir Demak ka Pajang/Mataram. 
Pindah ka beulah jero jadi asa aya pasipatan "defensif". Mangga we tingal 
geserna motivasi. Majapahit/Demak nu ngaNusantara digeser ku Mataram nu 
targetna ngan ukur ngawasa P. Jawa. Pamadegan sim kuring mah nu panglobana 
diguar di urang teh kabudayan ngahuma nu  otomatis jadi dominan nyirian 
karakter US. Jadi......US defensif? Ngelehan terus jadi...... elehan!!!???

Supaya US leuwih teuneung (nu ahirna gancang maju??) kedah diguar sisi lain 
kahirupan & kabudayan US basisir . Mun leuwih frontal mah pindahkeun Puseur 
Dayeuh ti Bandung ka Cirebon atawa Palabuan Ratu.

Eta panginten make sisi geografis, tantangan nu real mah pan ayeuna mah geus 
asup globalisasi. Leuwih teu babari US loba nu asup ka kultur telematika, jeung 
informasi di sisi lain US teu kirang  nu masih ngaladang jeung nyawah.

Ti dieu asa loba pisan ide/topik nu tiasa urang guar sasarengan.

salam
JP

Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, December 7, 2007 4:20:59 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Miteskeun Mitos Ngahuma


nuhun kang. mun lumpatna kana soal bebeneran, tangtos tulisan si kuring ngan 
ukur asup bener sacara korespondensi. adequatio rei et intellectus. saluyu 
jeung kanyataan atawa nyambung jeung kanyataan.  cek legegna mah abdi mung 
nyerat naon nu aya, sanes nu kudu aya. 

mung kitu tah pamendak si kuring mah deet keneh pisan, kitu oge mung ukur wadul.

tapi tangtos eta pamendak teh relatif. ngahuma oge ku si kuring ngan dianggap 
bener sacara relativis historis, tapi bisa jadi relativis koherensi, asup akal. 
sanes bebeneran revelasi- kudu kitu. ongkoh soal etnisitas mah meureun make 
bebeneran relativis sosiologis, bari jeung unggal wewengkon bisa beda komo mun 
ditalikeun jeung kaindonesiaan. 

tulisan eta bisa, atawa kaci mun make teori bebeneran koherensi-sabab asup 
akal, bari kaci make relativitas relasional, sanajan masih kudu diadukeun jeung 
teori bebeneran pragmatis. maksudna, mun memang aya gunana, misana jadi 
sumanget siap sadia usaha sorangan teu ogoan teu ngaharep ka batur dulur jsb, 
nu ngabalukeun KKN, wadul ngahuma eta, nya teu nanaon. 

tangtos akang nu langkung pangalaman  tiasa ngebrehkeun kalayan eces kumaha 
kuduna.

sabenerna hade  guyub atawa ngahiji, tapi ari ngan jadi bangsa meri -domba cek 
Nietszche mah,-nya mending make jurus ngahuma. 

mun ngahuma salah jadi artefak pikiran urang, meureun kaayaan geografis tropis 
nu nyiptakeun urang siga kieu. 
-- 
geocities.com/ mangjamal
mangjamal.multiply. com 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke