He he he....
 
Ini tentang "tangtungan leuleus" ya ..... :)
 
Menarik untk dibahas :)
 
Tabik

w <http://www.nagapasa.multiply.com> ww.nagapasa.multiply.com 
 

  _____  

From: SASTRANEGARA THARYANA [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 24 Juni 2007 23:31
To: silatindonesia@yahoogroups.com
Subject: [silatindonesia] Abah Khair





Sahabat Silat maaf pakai bahasa sunda,
bagi yang mengerti tolong di tafsirkan ke dalam bahasa
Indonesia atau Bahasa apa saja yang ada di dunia.

Sampurasun.

Simkuring kakarak diajar nulis sunda bari jeung salah
oge teu nanaon moal era, da ngaku kuring mah bodo,
erek diajar medarkeun ieu ilmu "leuleus" jeung elmu
"handap asor" ulikan Abah Khair ti Kampung Tari Kolot
Cimande.

Abah teh cikal bakal penca nu demokrasi, teu
mintonkeun feodal dina ngararagakeun eta elmu
kanuragan. Naha geuning ari nyatana kakarak oge ilmu
teu sabaraha ti ilmu Abah loba jelema sok
nyarumputkeun eta elmu seunah mah "rusiah". Padahal
Abah tara ngarusiahkeun.

Dina soal kapamimpinana Abah dina widang kanuragan
teges pisan yen urang sunda dasar nu utamana demokrasi
nu tara mindingan elmu disusulumputkeun, da hirupmah
kudu sauyunan, sahate silah-asah-asih-asuh. Da abah 
jeung uyut oge di ajar cara metakeun kahirupan
ti para karuhun nu tos langkung tipayun "Mulih Ka
Jati Mulang Ka Asal".

Ceuk katurunan Abah Khair yen urang sunda nu sok
susulumputan tos kapangaruhan ku urang deungeun
(contona walanda nu sieuneun ku organisasi penca
Cimande), da Abah Khair nu ti Tari Kolot, oge Abah
Anom nu ti Tasikmalaya tara nyumputkeun ka bisa
malihmah di sebarkeun ka manusa sundasaha bae nu
sahate ameh boga pangarti, nu kaharti jeung karasa oge
aya nyatana. Ilmumah moal seep nepi ka paeh oge.

Carana Latihan Penca.
Ceuk Abah jeung Uyut kudu dimimitian tina ngolah awak
nu leuleues jiga oray ngagolosor, nepi ka jiga kilat
lini abus ka jero bumi. Tah ieu elmu karuhun sunda nu
sa enyana, urang mah nu ngora tingal nuluykeun. Ieu
elmu sanes ti Abad 17 nu di raraga ku Abah sareng
uyut, tapi tos aya timimiti Karajaan Sunda jeung
KaSiliwangian nu tos nyangkreung di manusa sunda.

Dina cara olah awak nu di petakeun ku Abah Khair
sareng Uyut Ursi metodena "ngulinkeun" hiji suku
ngagantung hartina kumaha eta naga ngagegel buntutna.
Maksadna manusa sunda kedah medarkeun ilmu "rasana"
urang sunda dina ngahijikeun hirup sa uyunan nu "sa
uyunan sahate" entong silih badug lamun jadi pamimpin
jeung rahayatna. Hakekat buntut digegel ku huntu ayana
nu kosong tea di raga urang. Tah apan tos teges yen
penca / kanuragan nu urang sunda buhun-wiwitan ti para
katuhun nu tos "ngajati" / ngahiji da sa hate tea, 
lain nu urang wetan (contana jiga walanda tea) tu tos
dipikaresep ku kabeh manusanu beda-beda bangsa di
jagat raya.. Metode Abah Khair teh sareng Uyut Ursi
tos jadi picontoeun keur urang salarea.

Hiji suku di junjung kaluhur teu ngagunakeun otot-otot
suku nu teuras, tangtu alus keur nguatkeun sagala otot
tapi leuleus kuat. Di didieu fungsi latihan gerak
cepat/kilat kelit ilmu Naga.

Ilmu Naga rada sarua hakekatna ilmu leuleus nu mang
rupa ilmu hirup keur metakeun bela diri ameh lawan teu
bisa ngeunakeun peureupna oge tajong sukuna,
sakantenan ngabadugkeun raga wadagna.

Meulitna elmu naga hiji pusaka elmu Gusti Nu Yang
Manon nu tos di turunkeun ka umatna. Hirupteh supados
jiga naga nu leuleus, kudu daek berjuang timimiti sa
teu acan gubrag ka dunya nepi ngagoak / ceurik.

Da bongan Sang Naga ngabukakeun Liang Surga keur
Idajil/Jin / Setan, didieu urang kudu daek menta
hampura kanu nyiptakeun sorga jeung naraka.

Ilmu leuleus aya dina cara ngahontal "ilmu rasa" ka
sakujur badan. Dina ngolah awak ngalatih jati diri
kudu "leuwih gesit", dina ngigelkeun awak sakujur
leuleus tapi teuras, lain leuleus keuyeup tuluy wae
sasarean jadi pamalesan, bahasa kerena "leleson"

Ieu penting keur medarkeun jalanna getih nu di
jadikeun modal keur ngahirupan sa kujur badan anu
badag, nya ari dina rasa badan alus jeung badan wadag
tetep ngahiji. Getih teh pusatna keur ngalirkeun
liukna awak jiga pusaka naga. Liukna naga sarua jeung
leuleusna
eta eusi awak timimiti kulit, daging, tulang jeung
sumsum. Eta kabeh ngagulung keur metakeun ilmu leuleus
penca tapi matih nu di caangan ku Abah Khahir. Mugi
Gusti nurunkeun Cahaya pikeun Diri Aing.

Lamun ilmu lele matih hartina lamun kapatil ku imu
lele pasti maneh
karacunan da bongan maneh teu nyaho hartina kulit
kuring nu licin, 
oge jiga belut nu licin. Tah ieu hartina ilmu nu di
pedar ku Abah Khahir, bisa murilit kasagala arah kanu
rek ngaggangu teroterial taneuh urang sunda ( maksadna
keur ngabendung kaum kompeni walanda). 

Duh Gusti nu Maha Tunggal nu Nu Suci Nu Lemah Lembut,
mugi-mugi anjeun "ngahijikeun" ka Ngaing nu welas asih
jeung ngasuh elmu nu welas leuleus.

Jatina rasa leuleus mangrupakeun cara ngolah badan
sakujur kudu hirup , badan wadag sa kujur kudu
dirakrak ameh susunan 3 lapisan kulit, 3 gumpalan
daging, 365 sambungan ungal tulang, sumsum -sumsun nu
jadi aci, jatina rasa keur ngarasakeun sa kabeh
kahirupan nu ngagulung dina Jentul Aing. Euweuh Aing
moal aya Maneh, euweuh Aing maneh moal Hirup.

Cag
Guru Yana
Persilat USA
www.silatpdusa.com.

__________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames. <http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121>
yahoo.com/platform?platform=120121


 


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke