Note: forwarded message attached.


Do you Yahoo!?
Yahoo! Movies - Buy advance tickets for 'Shrek 2'

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

--- Begin Message ---
Haturan Nyi Iteung anu geulis, anu bageur

Alhamdulillah, sakitu sibuk-suribuk, keukeuh bae kana kalender mah teu hilap.

Nuhun Neng, memang leres kedah kitu dan kapan eta teh kawajiban urang, etang-etang 
ngawakilan urang lembur ongkoh, da nyaeta (punten yeuh ka urang lembur), di lembur mah 
tos arang langka anu rajin sapertos Neng Netty teh. Kirang terang, duka pedah naon. Ti 
mana sumberna kalender eta teh Neng ? Naha tina Program DR. Monzur Ahmed atanapi sanes 
deui ?

Terang Program DR. Monzur Ahmed teh pedah we kantos gaduh, mung hanjakal ayeuna mah 
parantos regel digegelan virus. Nanging teu nanaon, da kapan aya kengeng hese cape 
sorangan anu ngawengku tilu sistem tea, nyaeta : MASEHI, JAWA, sareng HIJRIYAH. 

Kalender kintunan Neng Netty teh katingalna aya di antawis Sistem Jawa sareng Sistem 
Hijriyah, tapi sanes Jawa, oge sanes Hijriyah geura mangga uningaan dina cacandakan 
ieu serat. Kalihna ti eta, bawiraos aya nu peryogi ditingali deui :

1)      Kaping 12 Oktober 2003 = dinten Minggu sanes Senen

2)      Kaping 1 Januari 2004 = dinten Kemis sanes Minggu

3)      Kaping 11 Maret 2006 = dinten Saptu sanes Salasa.

Aya oge anu matak keueung, nyaeta :

9 Januari 2006 M = 9 Besar 1938 J = 9 Zulhijjah 1426 H = dinten Senen/Manis.

Sing sarwa salapan, bari ninggang dina dinten Senen Manis. Ari dinten Senen Manis tea 
wartosna mah ngandung sajarah (?). Lajeng, dina Sistem Kalender Jawa, taun 1938 teh 
mibanda jenengan taun : JIM AKHIR anu mangrupi taun panutup WINDU.

Moal kitu JIM teh JAMALEDUN, eh JAMALUDIN ? Syukur upami kitu.

Sugan, meureun, dina tanggal eta teh MJ dilantik jadi Bupati Ciamis ??????

Ongkoh deuih tos aya kila-kilana, nyaeta aya wartosna, kamari ieu inyana teh cenah 
ngahaja ngadon mandi di Citanduy dugi ka ……... sakumna lauk anu araya di dinya, teu 
aya nu maggapulia, kabehanana …… paraeh ! Kitu cenah ceuk beja ti mancanalagareng !

 

Cag !



                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Movies - Buy advance tickets for 'Shrek 2' 

[Non-text portions of this message have been removed]



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya. 
Yahoo! Groups Links



 

--- End Message ---

Kirim email ke