Ieu dongeng teh saduran jigana mah nya. Mun teu hilap aya dina buku "Elementary/Intermediate/Advanced Reading" tulisan T. Hill. Punten ah ieu mah sakadar koreksi nya.

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kacaturkeun .....salah saurang anu dianggap teroris di jero tahanan pulisi, sebut wae mang K (punten bilih kasebat nami .. ), nampa surat ti indungna. "K, sakeudeung deui mangsa melak jagong. Ti saprak (sanes tikuprak ..) anjeun ditahan, saha anu rek mantuan ema macul di kebon tukangeun imah ?". Amir gancang ngabales eta surat, "Ema, kade ulah macul di kebon pengkereun bumi, sabab di dinya abdi nyumputkeun bom, bisi kapacul heg ngabeledug".
 
Sapoe samemeh eta surat nepi ka indungna, datang pulisi sakompi ti JIHANDAK (meureun ieu mah ... ). Ku pulisi dipaculan kebon anu tukangeun imah mang K teh, meureun eta surat teh disensor ku pulisi samemeh dikirimkeun ka indungna mang K.
 
Pasosore, pulisi mulang ka markasna bari teu mawa hasil nanaon, teu manggihan bom atawa bahan bakuna oge. Sabaraha poe ti harita, indungna mang K teh ngirim surat deui. "K, sapoe samemeh ema nampa surat, datang sakompi pulisi terus maculan kebon urang. Ayeuna ema kudu kumaha atuh ?"
 
Mang K ngajawab, "Ema teu kedah ringrang, teu kedah sieun. Malah mah Ema kedah nganuhunkeun ka para pulisi kumargi tos masihan bantosan kanggo mangmaculkeun kebon anu di pengker tea".
 
\budhi
oritate permai


Do you Yahoo!?
Yahoo! Movies - Buy advance tickets for 'Shrek 2'

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke