Ngabandungan dongeng BharataYudha Abah Abbas, jadi asa kaubaran kana karesep ngabandungan carita wayang teh. Inget baheula di lembuh bah, ari lalajo wayang teh sok bari diharudung sarung. Cenah ngarah apdol, ari diharudung sarung mah kedah bari ngagelom peremen. Tah lamun kabeneran patuangan ngusial, cenah jadi asa tuang kadu. He he he.
 
Biasana kuring sok rutin ngabandungan "Wayang Opo Maneh" (WOM) Jawa Pos. Bedana teh eta Bah, WOM mah gayana dipopulerkeun sareng kaayaan kakiwarian. Jigana Abah mah tetep disaluyukeun sareng galur asalna nya.
 
Mangga teraskeun Bah.
 
Salam,
Hasan

Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Satyaki teh sareng Burisrawa estu musuh bubuyutan pisan . Ari alatan pangna ieu dua Raja mumusuhan , lantaran masalah Putri . Eta Putri teh tos dijodokeun ku ramana ka Ramana Burisrawa , tapi ku margi ieu Putri teh saleresna mah tos kagungan kikindeuwan , nya eta Satyajid ti Lesanpura ; atuh der wae ieu Putri teh kakaburan , ampir dipergasa paksa pirusa ku para Denawa di hiji leuweung , untungna bae Satyajid kabujeng sumping , nya atuh tarung ragot pisan , dugi ka para rota Denawa teh dibasmi sadayana ku ieu Satyajid , nya dicandak ka Lesanpura . Atuh guyur , dugi ka perang pisan antawis Ramana Burisrawa sareng Satyajid . Akhirna ieu Putri teh disatujuan oge ku ibu ramana , nikah ka Satyajid . Nya ti harita Kulawarga Burisrawa neuteuli ka kulawarga Satyajid .NYa nikah ka Putri sanes deui , kagungan putra , Burisrawa .


Do you Yahoo!?
Yahoo! Movies - Buy advance tickets for 'Shrek 2'

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke