Ceuk beja kiwari zaman reformasi, duka ti iraha mimitiannana da kuring mah rada lieur ngabandunganna ge geuning...
 
tapi aya beja ti hiliwir angin, yen ceunah reformasi teh di mimitian nalika lengser na Soeharto. Lamun di itung2 mah, meureun geus ampir 6 taun jalan. Tapi naon atuh nya hasil na..., naha enya kitu ayeuna teh urang hirup di alam reformasi ..., ach boa-boa ...
 
cik kumaha atuh, naha ayeuna teh hirup dina alam reformasi atanapi repot nasi ..., da geuning kuring mah rakyat asa can ngasaan ngeunahna hirup di alam reformasi teh...  
 
cik geura... :
     didasi alus luhurna
     najan bari dikaitkeun
     reformasi anu mana
     sangkan rakyat teu rieuteun....
 
sanes kitu baraya ...., malah kiwari nyanghareupan pilpres... pan loba di antarana nu ngaku-ngaku rek ngusung bendera reformasi ceunah... tapi naha enya kitu, da nu puguh mah ...
 
     rincik rincang rincik rincang
     ti jati mawa pepsodent
     sidik pisan sidik pisan
     parebut korsi presiden ....
 
ech... na beut kamalinaan ngomong teh, tos ach baraya ... bisi kalah ngalantur.....
 
satengahing Seoul...
 
 
 
Kin's


Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke