Para wargi sadaya,

Nyanggakeun sapulukaneun, bagian ka-8 terasna-2 seratan "Mieling Mang Koko dina Acara Tepung Lawung Alumni Taman Cangkurileung jeung Simpatisan Mang Koko, 24 April 2004". Hapunten ka anu kaabotan boh bilih ieu posting teh panjang teuing.
 
Kang Siddik, di lebet ieu seratan aya rumpaka kawih "Sabilulungan" salengkepna.

8. Mang Koko: salahsaurang Seniman Ageung Tatar Sunda

 

8.2  Ngajenan Gawe Bareng

 

Kasadiaan gawe bareng-anu ngandung harti ngahargaan kana pangabisa nu lian jeung mentingkeun hirup sauyunan jeung duduluran-moal boa ngarupakeun konci kajugalaan Mang Koko dina seni kawih.  Nya ieu diantara ciri penting anjeunna salaku seniman ageung teh. Kunaon anu kitu disebut �ageung�?�  Dina lebah dieu, ras kuring inget kana kasauran salah saurang manusa anu kalebet diantara pangsholehna manusa: �Lamun andika mere nao bae ka hiji jelema, jeung jelema eta teh narima kana pamere anjeun, satemenna anjeun kudu nganuhunkeun ka eta jelema; sabab moal ngawujud kahadean anjeun lamun eta jelema heunteu narima kana pamere anjeun�.

 

Mang Koko geus ngabuktikeun, yen ku cara gawe bareng, sauyunan, atawa umaku  kana kaleuwihan anu sejen, bisa dihasilkeun karya-karya anu luhur ajenna, jembar rawuanna, jeung euyeub manfaatna. Tilu ciri golongan kawih Mang Koko jeung rumpakana anu nuduhkeun kamotekaranna, anu geus disebut ti heula, ngawujud, diantarana, kulantaran Mang Koko ngaheulakeun gawe bareng kalawan sauyunan.

 

Sakumaha kailo tina guaran samemehna, atra pisan katembong yen heunteu saeutik kawih Mang Koko anu ngahaja diciptakeun pikeun ngabakian hiji karya sastra yasa sobatna, rerencanganna, pangarang, atawa  papada seniman. Kalan-kalan  anjeunna ngahaja ngabadamikeun wirahma hiji kawih anu keur diciptakeun jeung anu  nyiptakeun rumpakana, sangkan antara wirahma jeung rumpaka eta kawih teh nyurup, nyari, patarema, jeung heunteu kaluar tina papagon basa atawa sastra.

 

Di dieu moal didadarkeun deui conto-conto karya anjeunna anu dihasilkeun ku cara gawe bareng, sabab tangtuna oge enggeus  kagambar tina guaran-guaran samemehna.  Sastrawan, budayawan, atawa pangarang Wahyu Wibisana, R.A.F, Dedy Windyagiri,  sareng Winarya Art, tiasa disebat rencang-rencang sagulung-sagalang Mang Koko dina ngalahirkeun sababaraha kawih anu bisa disebut bentang-bentang tina karyana. Anu sanesna, saperti Karna Yudibrata, R. Sambas, Baskara, Abd. Ajib, Agus Sur., Kang Ibing, jsb, oge kungsi gawe bareng dina medalkeun hiji atawa leuwih ciptaan Kawih Mang Koko. Heunteu kakantun Ibu Iloh Armilah anu nelah �Abu�-anu sasarengan sareng R.A.F-ngarupakeun 2 jalmi anu pangcaketna sareng terang seueur ngeunaan kumaha diparajianna kawih-kawih Mang Koko.

 

Kasadian gawe babarengan, duduluran, jeung silih hargaan ieu oge jadi hiji konci dina kanyongcolangan Mang Koko mateakeun seni kawih pikeun nuwuhkeun atikan. Kumpulan-kumpulan kawih anu dikhususkeun pikeun atikan barudak sakola (�Cangkurileung� jeung �Bincarung�) tiasa ngawujud, diantarana, nya kulantaran kaleahan manah Mang Koko dina andon sabilulungan gawe bareng. Pon kitu deui, ngawujudna pakumpulan-pakumpulan seni sejenna anu diluluguan ku Mang Koko tiasa hirupna teh tinangtu kulantaran tabiat hade anjeunna, nyatana rancage dina gawe bareng tea. Sabilulungan, sakumaha ditekadkeun ku Mang Koko dina salah sahiji kawihna, asana moal nyalahan upama disebut salaku salah sahiji �visi� hirup Mang Koko.

 

Sabilulungan

 

1

Sabilulungan dasar gotong royong

Sabilulungan sipat silih rojong

Sabilulungan genteng uloah potong

Sabilulungan �persatuan� tembong (katembong)

            Tohaga

            Rohaka

Teguh tanggoh perbawa sabilulungan

            Sadia

            Sajiwa

Segut singkil ngabasmi pasilingsingan

 

2

Sabilulungan hirup sauyunan

Sabilulungan silih pikaheman

Sabilulungan tulung-tinulungan

Sabilulungan kukuh �persatuan� (beungkeutan)

Santosa

Samakta

Teuneung-ludeung ngajaring kawibawaan (wibawa�n)

Saihwan

Sapaham

Nagri nanjung berekah sabilulungan

 

Basajan, malah moal boa keur sastrawan anu laluhung mah kaasup sahinasna pisan-eta rumpaka kawih �Sabilulungan� teh. Tapi, nya jero basajanan eta atra tembong kakuatan jeung bebeneran maksud sabilulungan. Mang Koko dina kawih bieu, lain bae  rengse ngababaran-kalawan ringkes tapi patri- maksud sabilulungan, tapi oge purati  ngabakianna ku wanda kawihna, sakitu rupa, tepi ka keuna ka na uteuk urang sagemblengna kenca-katuhu. 

 

Kukituna, pantes bae upama kawih �Sabilulungan� teh jadi salah sahiji lagu wajib daerah anu biasa dihaleuangkeun di sakola-sakola dasar di sakuliha Jawa Barat. Oge lamun ayeuna kabinet pamarentahan urang teh mawa bandera sabilulungan (�Kabinet Gotong Royong�), Mang Koko mah geus ti beh ditu keneh ngelebetkeun eta bandera. Kituna teh bari diwadahan ku seni anu, pangasah kalemesan jiwa tea.

 

Baktos,

manAR


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke