Bagea cep Toni !!!, mangga atuh kapayun sing sering ngalanglang ka ieu babakan !!!, pan ieu KUSNET teh ti US kanggo US !!!!.
 
Pihatur si emang ,
 
SSW

[EMAIL PROTECTED] wrote:



Punten ka baraya nu karasep nu sanesna,
sanes saur sim kuring eta mah, kang Hari mah emang leres sok saenyana upami
sasauran teh atuh, sareng saleresna nu nganilai mah da kedah ku batur sanes
ku urang sorangan,ha..ha...ha...ha...(asa hayang ngapung euy!, ari nukieu
disebatna naon nya??
disebat handap asor tapi da meupeuh jeung balaga)
haturnuhun kang Hari, sanes teu gaduh receh abdi mah, nga isin
atuh ngalungkeun receh ka nu damel digudang Artos mah,he..he...

Salam baktos, sareng wilujeng kenal sareng baraya nu enggal,
kang suryana, mang Sidik sareng saha deui nya...punten nu teu ka absen
ngenalkeun sim kuring gaduh wasta teh pun Toni, Urang Bandung,
nuju kuli di Cibitung , biasa kana gula-gali, gali lobang tutup lobang
maksad teh..
tos lami nembe mucunghul deui, tina nomail yeuh...
mangga lajengkeun!!

Salam,

-ts-



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke