Para wargi nu aya di babakan KUSNET !!
Ieu mah masih keneh terasan tina perkawis; "sangkan jati teu kasilih ku junti".
Sajabina tina anu tos dipedar tipayun, atuh urang oge kedah tiasa ngaronjatkeun sareng ngajagi kasehatan urang !!!, margi upami badan urang sehat,   seueur pisan padamelan anu tiasa dilakukeun ku urang, perkawis ieu mah ku sim abdi moal dipedar panjang lebar, da parantos kauninga ku sadayana.
Sateuacan neraskeun ieu seratan, tipayun neda agung pangapunten, jembar pangampura ti sadaya para wargi, bilih aya basa anu teu merenah, kecap anu kirang pas nempatkeunana, nyakitu deui kapara wargi anu parantos terang kana ieu perkawis (punten; ngabejaan bulu tuur, panginten) punten panglereskeun bilih aya anu mahiwal !!!, hoyong dipanglempengkeun bilih aya anu bengkok.
Maksad mah taya sanes malah mandar aya                                          pulunganeun  sasieureun sabeunyeureun,  kanggo  para wargi, khususna dina raraga ngajagi kasehatan badan anu mung hiji-hijina.
 
Maha Suci Allah SWT anu Maha Welas tur Maha Asih ka umatna kalayan teu ngawilah-wilah atanapi ngabenten-benten.
 
CAI hiji barang anu kuurang disapelekeun, malih mah sok ngajengkelkeun upami kaleresan dongkapna dina jumlah anu teu kinten-kinten, margi sok ngakibatkeun...................banjiiiiirrrr !!!.
 
Tetela cai teh geuning seueur manfaatna, tiasa nyegah sareng ngalandongan mang rupi-rupi panyawat !!!, ti ngawitan rieut dugi ka panyawat jenis kanker !!!
Dina perkawis ieu sim abdi muji ka jalmi-jalmi anu parantos kersa nalungtik kalayan nyebarkeun hasil panalungtikanana, pikeun kasehatan umum disaantero dunya, teu pandang bangsa, ras sareng agama !!, diantawisna : Prof. S. Periasamy DIM & D ACC ti Kantha Health and Research Centre, Karur, India, para Sarjana Kasehatan di Jepang oge Tim Medis ti Rumah Sakit Pusat di Khuen Ming, China.
Dupi panyawat-panyawat anu tiasa dilandongan ku CAI atanapi urang sebat bae : "Terapi Cai", nyaeta (punten henteu ditarjamahkeun kana basa Sunda) :
 1. Sakit Kepala                                    2.Darah Tinggi
 3. Kurang Darah                                   4. Rhematik/encok
 5. Lumpuh                                           6. Kegemukan
 7. Radang/sakit persendian                   8. Batuk
 9. Radang selaput lendir                      10. Ashma 
11.Mabuk, pusing, gamang                   12. Bronchitis    
13.Penyakit saluran kencing                 14. TBC paru-paru
15.Kelebihan Asam Urat                       16. Batu Ginjal
17. Radang Otak                                 18. Gangguan Jantung
19. Mencret                                        20. Sembelit
21.Disentri                                          22. Ambeien
23.Kencing manis                               24. Penyakit mata
25.Haid tidak teratur                            26. Leukimia
27.Kanker peranakan                           28. Kanker payudara
29.Radang tenggorokan                       30. Hosthortobics (Ingg.)
31.Pendarahan di mata & mata merah  32. Gastroctosis (Ingg.)
33.Sakit lambung                                34. Infeksi hidung
35. Penyakit hidung                             35. Penyakit tenggorokan
 
Tuh !!!, pan sakitu gegekna panyawat-panyawat anu tiasa dilandongan, dicegah ku "Terapi Cai" teh.
Numutkeun hasil panalungtikan, ti jalmi-jalmi anu disebat diluhur, panyawat-panyawat :
 1. Sembelit ....................................... tiasa damang ku 1 dinten
 2. Tekanan Darah/darah tinggi .............tiasa damang ku 1 sasih
 3. Asam urat .....................................tiasa damang ku 2 dinten
 4. Kencing manis ..............................tiasa damang ku 7 dinten
 5. TBC Paru-paru ............................. tiasa damang ku 3 sasih
 6. Kanker ........................................ tiasa damang ku 1 sasih
 7. Sakit lambung ..............................tiasa damang ku 1 dinten
 8. Gastroctosis ................................tiasa damang ku 3 dinten
 9. Susah buang air ...........................tiasa damang ku 1 dinten 10.Sering buang air ...........................tiasa damang ku 1 dinten
11.Mencret....................................... tiasa damang ku 7 dinten
12.Kanker........................................ tiasa damang ku 1 sasih
13.Rhematik/encok............................tiasa damang ku 1 sasih
14.TBC.............................................tiasa damang ku 3 sasih
 
Kumaha atuh teorina ???,
Mangga ieu kasanggakeun kuabdi disalin sabulucun na dina bahasa Indonesia ;
Meminum air dengan metode yang benar akan membuat usus besar dan usus 8 meter yang berfungsi sebagi "penyerap nutrisi"  bekerja lebih efektif dalam membentuk darah baru yang lebih banyak, dalam istilah medis dikenal dengan aematopaises. Bahwa mucousal fold pada usus besar dan usus kecil diaktifkan oleh metoda ini, merupakan suatu fakta tak terbantah, seperti teori yang menyatakan, bahwa darah segar baru, diproduksi oleh mucousal fold ini.
Bila usus bersih, maka gizi makanan yang dimakan beberapakali dalam sehari akan diserap dan dengan kerja mucousal fold, giji makanan itu diubah menjadi darah baru.
Sedangkan darah merupakan unsur penting dalam menyembuhkan dan mencegah berbagai penyakit dan memelihara kesehatan tubuh.
 
Conto kanjantenan :
Kasus ka hiji ;
Hiji pameget di Jepang yuswa 88 tahun masih jagjag waringkas, tara kaserang flu atanapi pilek malih mah tara rieut-rieut acan, nyarioskeun pangalamanana, sapertos kieu ;
Dina umur 20 tahun, manehna ngaringkuk na ranjang dirumah sakit dugika umur 30 taun (salami 10 taun), kaserang panyakit peptic ulcar,
dilandongan kalayan diawaskeun ku lima dokter, bari teu aya hasilna,
hiji waktos pendak sareng saurang dokter anu masihan resep "terapi cai".Saparantos tilu sasih ngalakukeun "terapi cai", diparios deui ku tim dokterna kalayan dinyatakeun sehat, jagjag waringkas deui.
Kasus kadua ;
Hiji jalmi di China nyarioskeun pangalamanana :
Yen manehana 10 taun kalangkung gaduh beurat badan 120 kilogram, kaserang panyakit jantung, kudokter anu mariosna disarankeun ngajalankeun "terapi cai", saparantos ngajalakeun "terapi cai" salami 10 dinten, panyakit jantungna teu karaos deui malih mah beurat badanna turun 16 kilogram.     
 
Cai naon bae anu tiasa dianggo "Terapi cai" teh ???
Sadaya cai herang anu biasa dileueut, tiasa dianggo "terapi cai" .
Cai ledeng, cai sumur, cai wahangan, cai nyusu sareng cai-cai leueuteun anu botolan, mung upami diragukeun kabersihanana, tiasa ditaheur heula dugi ka ngagolak, lajeng ditiiskeun.
 
Kumaha carana ??.
Mangga ieu kasanggakeun ;
Sayagikeun cai anu sapertos disebat diluhur, disagigireun pangkuleman/dipan/ranjang, seueurna saleter satengah, enjing-enjing sagugahna tina kulem sateu acan nanaon, eta cai dileueut dugika seep.
Pantanganana :
Sajam saparantos sareng sajam sateucan ngaleueut eta cai, ulah waka barang tuang sareng barang leueut anu sanes.
Wengina dipantang ulah ngaleueut, leueutan anu ngandung alkohol.
Saparantos kitu ??
Parantos..!!, teu aya deui, Geuning gampil ???, muhun memangna oge gampil, namung..................... henteu gampil-gampil teuing, didieu urang dipaksa kedah disiplin sapertos anu kasebat diluhur, kitu deui dina ngawitanana, moal tiasa sakaligus nyeepkeun saleter satengah !!!.
katambih-tambih dina ngawitan mah, saparantos ngaleueut cai saleter satengah, tangtos akibatna pulang anting kajamban !!. Namung ulah salempang saparantos 7 ~ 8 dinten mah normal deui.
Bilih teu kiat langsung saleter satengah, tiasa dilatih tingawitan satengah leter, saparatos sababaraha dinten tambihan deui satengah leter, teras tambihan deui satengah leter !!!, dugika tiasa ngaleueut sakaligus saleter satengah salebet dua menit.
 
Khusus :
Kanggo anu kagungan panyawat radang/sakit persendian, rematik,
panyawat abot sepertos kanker, jantung, darah tinggi, kencing manis sareng panyawat abot sanesna,  kedah kersa ngalakukeunana sadinten tilu kali, enjing, siang sareng sonten dugika damang, ulah hilap sajam sateuacan terapi cai sareng sajam saparantos terapi cai ulah barang tuang atanapi barang leueut anu sanes, saparantos damang                 kedah diteraskeun sadinten sakali, nyaeta enjing-enjing.  
 
Sakitu anu kapihatur, nyanggakeun kirang langkungna, wilujeng mraktekkeun !!,  mugi janten manfaat kasadaya wargi !!!.
Mung aya talatah ti anu nyerat/nyusun eta naskah : "Mugi para wargi kersa ngawartoskeun ieu terapi ka wargi-wargi sanesna disabudeureun
urang !!!.
 
Wasalam !!!
Pihaturna,
SSW.
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
    


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke