Giwang keur leumpang di Jalan Buah Batu, Giwang teh awewe, geulis, umurna
ceuk taksiran moal kurang ti dua puluh tilu taun.
Teuing naha bet kitu ngarana, asa teu wasa ari kudu nanya kadirina mah, ngan
ceuk kira kira kolotna meureun mere ngaran kitu teh ambih jadi perhiasan anu
mulya, boh keur dirina boh keur nu sejen, kahayang ideal nu jadi kolot.
Leumpangna tungkul siga nu keur ngukur jalan, unggal manggih nu dagang dina
trotoar ngagilek ka jalan aspal, biwirna ngawet.
Di trotoar teh lain nu dagang bae, aya ge tukang tambal ban, tukang nyieun
stempel, nu dagang cimol, dagang baso, dagang goreng tahu jeung nu liana.
Baheula mah jalan Buah Batu teh teu siga kitu, sanajan enya ayeuna jalan teh
geus rada gede, leuwih lega batan jaman baheula, tapi ayeuna karasa leuwih
heurin jeung pikapaureun.
Pas leumpang dina jalan aspal mobil ting sariet, paur kabadug, dina trotoar
kudu pinter ngagilek, ambih teu ngabadug batur atawa roda dagangan.
Genah merenah tumaninah, euweuh...!!
Teuing atuh nya ari walikota nyahoeun teu kaayaan kieu, sigana mah teu
nyahoeun, da lamun nyahoeun mah mustahil di trotoar jadi rumpil siga kieu.
Poe ieu uing salah, naha atuh bet dadaekanan leumpang, hayang gancang mah
sok we naek kana angkot pira ge mayar sarebu perak.
Leumpang, puguh ge eta teh gerak maju anu pang primitivna atawa boa boa
ilahiah.
Giwang keukeuh leumpang.
Dina angen angen Giwang, hiji waktu mun Bandung beuki amburadul rek make
kacamata kuda terus leumpang ditengah jalan, sakota Bandung, mola galideur,
moal sieun katabrak mobil, barudak ngaleut nuturkeun, awewe lalaki, kolot
budak ngan sakabehna kudu Urang Sunda ambih babari ngagorowok "Urang Sunda
Hudang Euyyy...!!", pasti nu lalajo sisi jalan bakal ngomong..."Dasar nu
autis.."
Giwang nyenghel, kahayangna mah seuri ngabarakatak, ngan asa teu pantes ari
kudu seuri ngabarakatak sorangan mah.
Antara seuri sorangan jeung autis sigana sadulur keneh.
Poe ieu Giwang rek manggihan lalaki nu pangbageurna

Cag ah..
(can anggeus, ngan moal dianggeuskeun)

MSasmita












------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke