Haturan MJ sareng ka sadayana bae,
 
Ngahaminan, sakalian seja ilubiung informasi sanesna ngeunaan eta buku sareng rencana ka payun. Poe rebo minggu kamari aya pagempungan (seminar) leutik di Univ. Pasundan (Unpas), Bandung, kalawan jejer "bedah buku Rawayan Jati Kasundaan (RJK)", karya Abah tea (Drs. R. Hidayat Suryalaga). Abah teh salah sawios dosen luar biasa di Unpas.
 
Anapon anu nanggap (penanggap) biantara Abah sareng bukuna, aya tiluan, nyaeta: 1) kersana Prof. Dr. Jawad Dahlan (guru bersa UPI widang pendidikan non formal, Ketua Asosiasi Perguruan Swasta Jabar-Banten, anu gaduh penerbit "Dahlan", sareng mantan Rektor UNISBA), 2. Kang Saini KM (budayan, patarosan ngeunaan nilai-nilai moral budaya, khususna budaya Sunda danget ieu, anu parantos moyan), sareng 3) Kang Iwan Tresna Dermawan Kunaefi (Ketua Kopertis IV Banten-Jabar, dosen T. Lingkungan ITB).
 
Seminar dibuka ku Prof Turmudzi (rektor Unpas, Ketua Paguyuban Pasundan). Anu haladir, sok sanajan seminar leutik, tapi euyeub, diantarana:  Prof. Rully Indrawan, Prof Burhanudin, Prof Umi Salamah (sadayana ti Unpas), wakil ti Pemkot Bandung, wakil ti "Gema Jawa Barat", wartawan PR (wartana aya dina PR kamari, sok sanaos sakedik), mahasiswa. Jumlah-jamleh anu hadir aya kana 30 urangna.
 
Urang ringkeskeun bae ku ngadadar kasangtukang jeung lajuninglaku (follow up) tina seminar buku RJK karya Abah di luhur. Satemenna, ti mimiti buku eta medal, sataun ka tukang, parantos aya sababarah kali pajemuhan lingkungan samporet anu diluluguan ku Kang Iwan TDK. Maksudna, Kang Iwan salaku Ketua Kopertis anu ageung perhatianna kana masalah moral, kalintang katajina ku buku karya Abah (RJK) anu ngarupakeun ringkesan ajen-inajen budaya Sunda anu luhungna.
 
Sakitu katajina Kang Iwan ku RJK, dugi ka anjeunna ageung paniatan pikeun ngajadikeun eta eusi buku RJK salaku eusi kurikulum matakuliah Ilmu Budaya Dasar/IBD (waktu harita). Kacindekan tina sababaraha pajemuhan sareng Kang Iwan (oge diantawisna sareng Prof. Jawad), eusi buku RJK pantes pisan upama dijadikeun bahan kurikulum IBD, sakurang-kurangna di sakebh paguron luhur di sakuliah Tatar Sunda heula. Ngan aya sababaraha hal anu kudu digarap jeung diropea, sangkan RJK teh siap jadi bahan eusi kurikulum.
 
Diantara persiapan nu dimaksud nyaeta  RJK kudu diseminarkeun heula di sababaraha kalangan/komunitas akademis jeung ditransformasikeun istilah-istilah anu dikandungna kana jejer-jejer anu leuwih universal (disagigireun keur komunitas awam mah perlu oge disirorotkeun kana basa anu langkung basajan). Seminarkamari ngarupakeun runtuyan tina sababaraha rencana seminar buku RJK pikeun bahan kurikulum IBD.
 
Kang Iwan kamari maparinan informasi anu kalintang pentingna, yen ayeuna IBD teh jadi mata kuliah wajib deui di sakabeh paguron luhur. Hiji hal anu mawa harepan kana kualitas mahasiswa, sabab IBD teh ngarupakeun wahana atikan moral. Malah ayeuna mah diganti judul mata kuliahna oge jadi Ilmu Sosial dan Budaya Dasar (ISBD). Anjeunna ngaharepkeun, ISBD anu salami ieu kentel ku papagon jeung aturan hirup hiji seler bae, langkung demokratis dina harti bisa ngabakian ajen-inajen luhur tina budaya suku bangsa-suku bangsa anu aya di Nusantara. Pikeun hal eta, upama RJK dibungkus ku baju anu langkung universal, aya kasempetan pikeun kjadi baki anu panggedena jeung pang pentingna. Kapayun, Insya Alloh, baris aya deui seminar-seminar sarupa ngeunaan RJK. Oge tangtuna, pangersa Abah baris seueur cumarios, Insya Alloh. 
 
Kukituna, ka sugri sadaya anu aya  maksad maos buku RJK, mangga bae hubungan ka MJ, Neng Puppy atanapi sim kuring sorangan ngalangkungan e-mail (atanapi japri). Enggallah, komo ieu da mangrupi buku, buku kenging inohong Sunda ngeunaan kasundaan deuih. Komo ka anu gaduh putra, dulur atawa kulawadet anu nuju kuliah di Tatar Sunda mah, da Insya Alloh baris kaanggo. Piraku bade kakantun (hehehe, punten upami aya seungit promosi, wios da sanes promosi barang konsumtif).
 
Hatur timpah salam.
 
Baktosna,
 
manAR
 
 


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Aya buku sakti ngeunaan filsafat kasundaan, yasana Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga, dosen Sastra Sunda Unpad oge Unpas).

eusi buku ngeunaan pola kapamingpinan Sunda, konsep hirup Sunda, SASASA (silih asih silih asah silih asuh tea), nu kenging ngabstraksi ti amanat galunggung, jeung sajabana.

kanu hoyong gaduh, pesen ka Puppy Mpup di jatinangor.

di tonggong buku eta aya endorsement ti Raja Yogya. Hamengkubuwono X.
Mj

http://geocities.com/mangjamal



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke