assalamu'alaikum,
 
punten bade ngiringan deui tos lawas tilawas. da kabancen janten weh teu tiasa tutulisan, ari email mah tetep di lab sareng nuhiji deui didieu.
 
punten ah mung sakitu
 
wassalam,
 
Ayub tea
urang Garut anu masih keneh kikieuan


Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang hasan.. hatur nuhun kana cariosna.....resep nya mun aya kajantenan kitu di urang....
 
-----Original Message-----
From: Hasan Garut [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, April 27, 2004 1:29 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Saha Nu Rek Nurutan?

Saha Nu Rek Nurutan?

Ieu carita teh asalna ti batur ngobrol kuring,
profesor di salah sahiji universitas anu kawentar di
Malaya. Cenah ieu teh kajadian bener. Nya kuring ge
percaya we, piraku da atuh profesor ieuh. Ari si
profesor teh karesepna ngabako jiga urang Kusnet,
kadang-kadang ari geus ngobrol sok nepi ka janari,
bari nginum teh di warung. Da geuning di Malaya teh,
urang Malayu mah sok resep begadang jiga urang
Bandung, ari istilah na teh 'berembun' cenah.

Hiji mangsa babaturanana si profesor teh, kadatangan
anak buahna, da manehna teh salaku pupuhu salah sahiji
jurusan di fakultasna. Eta anak buahna teh hiji wanoja
anu tas balik sakola di luar nagri, cenah mah tos
beres program doktoral kitu. Eta si wanoja teh
ditanya, kunaon cenah nepi kapopohoan, naha teu inget
kanu lain. Atuh si wanoja teh balik nanya, naha
kapopohoan ku naon, da saingetnamah biasa-biasa wae.
Eta cenah mangtaun-taun ngadeluk we sakola, naha teu
bosen, jadi weh ayeuna mah susah rugi sorangan. Susah
naonna, rugi naona ceuki si wanoja teh bingung. Lain
naha teu hayang rumah tangga jiga batur. Ayeuna mah
hese, anjeun geus doktor, umur geus cukup, ekonomi
geus mapan, naha saha anu wanieun ngadeukeutan, ceuk
si pupuhu jurusan teh.

Si wanoja teh sakedapan mah naghuleng, karek ngarti
kamana leodna cariosan si Encik (Akang) teh. Ayeuna
mah kieu we atuh, daek teu di kawin ku akang? Da batur
mah moal aya anu wanieun ceunah. Eta si wanoja teh
baik nanya, kagok asong diheureuyan jigana, naha bener
ieu teh sarius? Bener, bener pisan sarius, naha iraha
kitu akang ngabohong, ceuk si Akang teh.

Heuleut sawatara waktu, eta si pupuhu jurusan teh,
kadatangan deui ku si wanoja. Cenah si wanoja teh
ngahaja ngulem si Encik, yen manehna geus menang
calon, sarta bakal sacepetnya walimahan. Si wanoja teh
omat-omatan pisan, supaya dina waktuna, si encik tiasa
datang. Nya ku si Encik teh disatujuan, bari ngarasa
atoh anak buahna geus meunang jodo. Atuh batur
sajurusannana oge sadayana di ulem, supaya dina
waktuna tiasa ngaluuhan.

Kacaritakeun acara walimahan si wanoja teh tos cunduk
kana waktuna. Sakedap deui acarana bade dilaksanakeun.
Atuh para uleman tos kempel sadayana, kitu deui di
Encik ketua jurusan tea tos aya dina riungan, malih
sakantenan sareng istrina oge. Waktos acara bade
dikawitan, Panghulu (tukang nikahkeun) teh naros, ka
tuan rumah, mana pangantena. Atuh tuan rumah teh
nunjuk ka si wanoja, yen manehna panganten istrina
teh. Ari panganten pamegetna anu mana, saur Panghulu
teh. Atuh sadayana ngagebeg, nembe sadar, ti tatadi
teh teu kaciri anu mana panganten pamegetna. Kitu deui
ibu-rama si wanoja oge teu acan terangeun anu mana
calon minantuna teh. Ari si wanoja tenang-tenang we,
jiga anu teu aya masalah.

Tah ieu calon panganten pamegetna teh, ceuk si wanoja,
bari nunjuk ka si ketua jurusan tea. Atuh sadayana
nepak mastaka, naha ieu teh heureuy, da satengah teu
percaya. Kitu deui si ketua jurusan, reuwaseun mani
pias, da teu nyangka tea. Manehna ras ingeut kana
obrolan di kantor, jeung si wanoja tea, waktu manehna
karek balik sakola. Atuh Pak Penghulu teh nalektek
naros ka si wanoja, bener heunteuna. Si wanoja teh
nagjawab, bari ngajelaskeun kumaha kasang-tukangna.
Waktu si ketua jurusan ditanya, naha bener eta
katerangan si wanoja teh. Manehna teu bisa kumaha,
memang sakumaha anu dicaritakeun ku si wanoja teh
bener, bari satadina mah satengah heureuy, sugan teh
moal kitu balukarna. Anu kacida kagetna mah atuh
tangtos garwana si Ketua Jurusan tea. Tapi teu bisa
kumaha da puguh dipayunan jalma rea.

Kumargi kajadianna kitu, atuh acara teh di skor heula.
Nya diayakeun gempungan tilu pihak di rohangan
tertutup. Pihak kahiji si Ketua jurusan, pihak kadua
garwa si Ketua Jurusan, sarta pihak katilu si wanoja
tea. Hasil gempungan satuju walimahan diteraskeun,
sakumaha anu dirancang ku si wanoja. Ngan garwana si
ketua jurusan aya pamenta. Satuju anjeuna diwayuh,
asal sagala rupa anu salami ieu janten hakna teu
dikirangan saeutik oge. 

Sesuai sareng perjanjian tea, atuh si Ketua Jurusan
sareng si wanoja, anu ayeuna tos janten istrina teh,
ngan tiasa tepang waktos kantor we. Lami-lami,
panginten asa teu puguh, gaduh istri ngan tepang waktu
di kantor. Ngawitan enjing-enjing dugi ka sonten. Da
sontenna mah dugi ka wengi kedah aya di istrina anu
sepuh. Nya si katua jurusan teh kapaksa mundur tina
jabatanna, margi waktosna kawengku pisan.
Alhamdulillah eta kulawargi teh rukun dugi ka ayeuna.
Wallahualam.

Bilih aya urang Kusnet anu bade nurutan. Jigana
strategina teh tiasa diturutan. Eta pedah wartosna di
Kusnet seueur anu bade puber kadua. Sugan we atuh
kenging 'bagja' jiga si Encik nya.

Sakitu heula nya, cag ah.
Hasan
  


     
           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs 
http://hotjobs.sweepstakes.yahoo.com/careermakeover


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links


Do you Yahoo!?
Win a $20,000 Career Makeover at Yahoo! HotJobs

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke