|
LENGSER DI BABAKAN PANGUNGSIAN
BAGANDAN SARI
""Nya jung, kuring ngidinan.."
Mama Lengser enggal ngadeuheus ka Ratu Emas
Bagandan Sari
"Pangapunten, Mama Lengser calikeun, ka ratu Emas
Bagandan Sari
Pok cek Ratu Emas Bagandan Sari
"Mangga calik Mama Lengser, erek kumaha nya
pikersaeun
ambekan teh kembu leutik, kempas
kempis.."
"Nyaeta kuring teh nyangga carios
ti Mojang Malanggi Rarang
peupeujeuh Ratu Emas ka Mama Lengser entong
bendu.
Mama Lengser mah ti ditu manggul saur
ka dieu manggul carek.
salah pisan lamun henteu daek
nyaeta : Sampean, parentah urang nagara, bakal
dipiceun
ka hulu dayeuh Margacinta
"Aduh Mama Lengser...naon nya kasalahan
kuring..?
"Kasalahan teh : Bilih ngalindih di
Nagara."
"Benerna mah waktu tadi teh, kuring arek
disakieukeun mah
ulah ditampi, lamun kitu mah kuring, Mama Lengser
lieuk leuweung lieuk lamping
jauh ka sintung kalapa,
lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka
bapa.
Tembal Mama Lengser :
"Wayahna Ratu Emas, itung itung mere jalan
kaprihatinan.."
"Nya, Mama Lengser, ari geus kudu mah nya mangga
bae
Tuly kuring kumaha ayeuna..?"
Tembal Mama Lengser :
"Nya ieu geura geura siram cai pijanaan
tarum
meunang nyampuran delan atah, supaya bau awakna
sampean"
Teu lami Nyi Putri siram
awakna teh hideung herang, ngan herang matana
bae
Tuluy nganggo samping waring baju
waring.
Terus angkat jeung Mama Lengser,
angkatna nyunyuhun leungeun
bari ceurikna sapapanjang jalan.
BAGANDAN SARI DIASINGKEUN
KA HULU DAYEUH
Teu lami anjog ka hulu dayeuh
Margacinta
Pok saurna Lengser :
"Yeuh pitempateun Nyai didieu
tah jang sare palupuh sabebek
iuh iuhna pupugan sajajalon
roroyomannana ruyuk tepus ruyuk kaso
sugan malahmandar sampean prihatin
Mama Lengser ngan ngadungakeun
ulah bendu ka Mama Lengser
Mama Lengser mah nu diparentah
"Moal bendu Mama Lengser kuring mah
maa kieu ge geus nasib kuring"
Teu lami si Lengser wangsul
"Panganpunten ka Ratu Emas Malanggi
Rarang
sakahoyong sampean parantos
diturut..."
LENGSER LAPOR
KA MALANGGI RARANG.
"Kumaha tembalna Bagandan Sari teh Bapa
Lengser..?"
"Nya eta tembalna te, Ratu Emas,
Benerna mah waktu tadi teh
ulah ditarima erek disakieukeun mah.
Cenah nyebatkeun teh :
Lieuk leuweung lieuk lamping
jauh ka sintung kalapa
lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa
"Lebok teuing, puas teuing Ratu Emas Bagandan
Sari
Geus ayeuna mah Lengser
ku kuring geus ditarima, ku Ratu Emas Malanggi
Rarang.
LENGSER KUDU JAGA TAMU DI ALUN ALUN
Ayeuna Mama Lengser geura angkat ka alun
laun
Bising aya semah kasep, asupkeun
Bising aya semah goreng mah
rorojok ku gantar bae mangka jauh
Sing aya semah kasep mah, tanyakeun saha
ngaran
ti nagara, nagara mana, kumaha nyakitu
pikersaeun
pangna dongkap ka Nagara Margacinta.."
"Mangga bae Ratu Emas
kuring nyuhunkeun idin bade ka alun
alun.."
(hanca)
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

