Naha gelenyun nya ??, muhun antawis gelenyu sareng manyun !!!
Munafik
Udin : Dun..!!, manuk naon anu pang munafik-munafikna ???
Adun : Ah.. silaing mah aya-aya wae, maenya aya manuk munafik !!
Udin : Ihhh, bener ieu mah !!
Adun : Naha manuk naon atuh !!
Udin : Enya manuk gareja asup ka masjid .....!!
Adun : ?!?!?!?!?
Supir Batak kenek Sunda
Diterminal, hiji beus anu disupiran ku urang Batak, nuju markirkeun beusna, dipandu ku kenek urang Sunda (nyaeta US mah seuseueurna mung laku janten kenek!!)
"Terusss!!!..terusss !!!", ceuk kenek, bari leungeuna terus gugupay, nitah kisupir terus mundurkeun beusna.
Duka teuing kunaon harita kikenek teh bet malaweung, ari leungeun terus gugupay bari gogorowokan : terusss !! terusss !!, ari panonna duka teuing nempo kamana.... Naaaaa....... atuh !!!,,,,ari gedebruggggg ....teh bujur beus nubruk tembok, supir rewassss, kenek piassss sieun dicarekan ku kisupir, ari gantawang teh ki supir, ngagorowok ;
"Kenek Tai ....!!!!" (kadenge ku kikenek mah : kene tai !!).
"Supir goblog !!, sakitu ngagedebrugna,....keuna kana tai", gerendeng ki kenek.....?!?!?!?!?!.
Tos ahhh...sakitu heula, bilih akey-akeyan teuing, heg bae engke bujalna bararijil !!!, pan katempuhan buntut maung tah !!
SSW
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

