--- In [EMAIL PROTECTED], "Endang Tatan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nya ari maksa-maksa teuing sokwe lah, ngan lain nya yi Tatang Akangmah heran kabeh baraya ari ngomong soal nyandung-nyandung kitu mah mani giak pisan nya. Heuueuh keun we da memang urang mah umatna Muhammad saw, ceuk Rasul oge apan disunatkeunana teh kuduna mah apan opat. Mun teu lepatkieuyeuh terjemahan bebasna tinahadist teh: " He kaum lalaki!, samangsa-mangsa maraneh geus ngarasa mampu, pek karawin opat awewe ti kaum maraneh, saupama teu mampu tilu, teu mampu keneh dua, atuh can mampu keneh hiji,oge can mampu keneh pek paruasa. Nu ngalakukeun kitu saestuna maraneh umat kami " (punten ah upami lepat mah pang lereskeun ku akhlina) >Tah, kacindekannana memang nyandung alias "gawa banyak" tea memang diwenangkeun tur disunatkeun pisan ku Rasul saw. Ngajengkat (terjemahan bebas tina beranjak)tina hal eta keur jaman babarengan keneh jeung Jang Mamat Jajakakapaksa tea geus meunang kacindekan tina hasil sawala 7 poe 7 peuting , yen perkara nyandungteh aya syaratna nyaeta RIKIP tea. R , Rampa awak jeun manah salira, naha urang geus mampu boh fisik jeun bathin yen urang bakal mampu lamun urang nyandung nepi kaopat. I, Imeutan kana harta banda nu dipimilik ku urang naha memang geus cukup keur nganafkahan pamajikan nu opat.( tong nafkah bathin wungkul atuh men!) K, Kahayang tinggal kahayang, saupama 2 syarat diluhur geu kacumponan prak laksanakeun kalayan ku niat ibadah lain ngan ukur nafsu wungkul. I, Inget ! nyandung alias kawin leuwih ti hiji teh ngarupakeun sunat Rasul. Hartina kakara meunang di laksanakeun keur maraneh nu geus nyumponan nu wajib-wajib heula salaku umat muslim. Hartina upama Rukun Islam nu lima can kacumponan mah can kaci atuh (nu geus ka haji mimiti dianggap kaci) P, Prak pigawe saupama maraneh bisa ngalaksanakeunana kalawan adil > Tah kitu lur syaratna teh, tapi ketang tong diturut teuing da ieu mah syarat nu ngarupakeun hasil rekayasa Akang jeung kang Mamat Jajakapaksa...Heeeee.ee. heeeeee heee!
+++Wa AANG++++ > ( nu can bisa ngalaksankeun syarat nu kalima, matak nepi ka kolot angger we ngan boga hiji indung si teuul) > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

