----- Original Message -----
Sent: Wednesday, April 28, 2004 2:47
PM
Subject: [UrangSunda] Ulah kapalang
ngangkarawak !!! (jilid 1)
Ieu mah ngan ukur usul nu asal-asalan ti jalema
usil.
Supaya ulah kapalang acak-acakan ieu tatar Sunda, yeuh sim
kuring nyanggakan usul kapara wargi KUSNET !!! nganggo catetan :
Upami; Upami kagalih mangga galeun, upami teu kagalih ulah geuleuh
!,
Urang nguriling heula !!!, lamun dokter ngubaran hiji pasen, sok
ngadiagnosa heula, tetelepek nanya, kumaha karasana ti iraha karasana, naon
kabiasaan si pasen, pokona sagala rupa ditanya, kakara dipariksa naha
kalabotarium, X-ray, MRT, MRI jeung sajabana, pikeun nangtukeun panyakit
sipasen !!, tidinya dokter nangtukeun, naha sipasen kudu operasi, opname atawa
cukup ku ubar !!!.
Balik !!, ka pasoalan tatar sunda !!, ari nu jadi sabab lantaran, tatar
sunda nyanghareupan rupa-rupa masalah, anu teu aya ditatar sejen teh, taya
lian kusabab ngaburudulna etnis-etnis non US daratang ka tatar sunda,
Tah anu jadi sabab lantaranana teh naon ?, naon anu jadi beusi sembrani
panarik etnis non US daratang ka tatar sunda ?, lain pedah-pedah
teuing US someah hade kasemah, lain pedah-pedah teuing alam parahyangan
kacida endahna ?, lain-lain eta !!, sanajan teu bisa dipungkir eta sabagian
daya tarik pikeun etnis non US daratang ka tatar sunda. Tapiiiii.... anu jadi
beusi sembrani etnis non US daratang ka ieu tatar teh taya sanes !!!, kuayana
IBU KOTA ieu rekiblik di wewengkon tatar sunda !!!, tah pan eta anu jadi gula
panarik sireum-sireum datang ka ieu tatar teh !!!, eta bibit panyakitna
!!!.
Tahhhhh... pikeun ngilangkeun eta masalah, taya lian urang kudu rela
ngalepaskeun Ibu Kota Republik dipindah ka tatar sejen
!!.
Mangga sakitu heula !!!, antos lajenganana dina jilid kadua, anu iraha
boa medalna !!!, gumantung kana waragad KUSNET !!!.
Hahahahahha......
Nu mikancinta lemah cai tetep ngahiji !!
ssw.