|
Bieu teh tas ti Cililin, kapapancenan nganteur
Pengurus SEKAR (Serikat Karyawan), nganteurkeun sumbangan kenging
ngumpulkeun ti para karyawan, mangkat ti Japati teh tabuh 10an tadi, dugi
ka Cililin teh tabuh satengan dua belas, kukurilingan heula milarian Posko anu
aya di sisi jalan, nya kapendak di Desa Tanjung, ari ka lokasi longsorna aya
kana tujuh kilometer deui, di sabeulaheun gunung.
Di Desa kabeneran Lurah keur aya, nya atuh ka
anjeuna we ijab kobulna, tapi keukeuh hayang ningali ka lokasina.
Kulantaran kana mobil mah teu tiasa da kabeneran
harita teh jalan ka lokasi keur dihadean, jeung ongkoh leutik deuih, mun perewis
teh tangtu hese, nya naek kana ojeg, nu ngajugjug ka lokasi teh ngan opatan,
kana ojeg hiji ewang, beu eta mah netekna, tuur asa ngoroncod, leungeun teu
eureun nepakan punduk tukang ojeg, supaya lalaunan, jalanna taringgul ku batu,
ngan untungna teh teu keur hujan, jalan garing teu leueur.
Alhamdulillah nepi ka lokasi longsor teh tabuh
satu, mengkol heula ka Posko darurat, nepungan patugasna, ngabejaan yen kuring
saparakanca geus neundeun sumbangan di desa.
Di Posko darurat teh rada reugreug da ningali
aya mobil ambulan ngabagug, atuh patugas kasehatan aya, patugas kaamanan aya
(sigana mah ti koramil), atuh patugas ti Pemda ge aya, atuh dapur umum ge aya,
malah harita teh katingal aya Sukarelawan ti PKS.
Antara Posko Darurat jeung lokasi Longsor teh rada
jauh aya kana sakilometer mah, kuring nigali kumaha urut longsorna, enya sarua
jeung gambar dina koran koran, sababaraha imah kalimpudan ku taneuh longsor,
matak ketir.
Ceuk tukang ojeg mah gunung eta teh baheula mah
pinuh ku tatangkalan nu galede, ngan ayeuna mah geus ditaluaran, diganti ku
tangkal cau jeung sampeu.
Digigireun eta gunung aya gunung sejen ceuk tukang
ojeg mah disebut "Batu Keupeul" cenah mah tempat karamat keur pasugihan,
Walohualam palebah dinyana mah.
Korban longsor jalmana teu pati kaciri, sigana geus
papada aya nu ngaku, da nu kaciri teh ngan ukur aya hiji tenda darurat, kitu ge
pacampur jeung wawadahan sejen, enya kahirupan di pasisian mah apan
"kekerabatan" (duduluran?) teh masih kacida raketna.
Mulang ti lokasi longsor rada gura giru, sok sieun
kaburu hujan, eta kacipta jalan bakal leueur, nurugtug mudun asa leuwih paur
manan waktu nanjak, sieun erem teu pakem, keur gawir nangtawing, jalanna renjul
ku batu, sok sanajan pamandangan mah endah da kaciri ngemplong ningali Saguling,
tapi angger we tuur mah nyoroncod.
Ari KUSNET aya niat teu nyumbang longsor
Cililin..?
MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

